Ngeunteung hirup kana kahirupan cai. Aya tilu hal nu kudu jadi eunteung tina kahirupan cai.

Kadua, cai salawasna bakal ngocor ngeusian walungan atawa wahangan nu saat. Ieu oge ngandung pieunteungan yen urang kudu bisa jadi insan-insan nu murah diri pikeun salawasna nulungan ka nu butuh, nalangan ka nu keur susah. Mun boga elmu amalkeun pikeun minterkeun nu bodo. Mun boga harta kudu berehan ka jalma-jalma nu katalangsara. Intina kudu bisa silih simbeuhan ku kaasih, kanyaah jeung kaheman ka sasama. Ieu hal teh jadi bukti yen diri teh keur silih eusian kakosongan dina kahirupan. Kudu manjing kana pitutur dawuh Insan Mulia, Khoerunnaas Anfa'uhum Linnaas.
Katilu, Cai bakal salawasna ngocor ka muara. Ieu oge ngandung pieunteungeun keur kahirupan. Hirup kudu siga cai nu istiqomah ka nu dituju, najan lalampahanana loba halangan harungan. Lila tur panjang lalampahanana tapi kalayan pinuh ku kadariaan jeung kasabaran akhirna nepi ka muara nu ditujuna. Sanajan dina lalampahanana tepung jeung batu nu ngahalangan, kudu mengkol heula ka walungan, wahangan, susukan, solokan jeung tempat-tempat sejena. Aya kalana sataun, aya kalana saminggu, aya kalana sapoe lalampahanana, tetep manehna teu poho kanu jadi tujuan nyatana muara. Tegesna, manusa kudu boga tujuan dina kahirupan, kudu boga visi jeung misi nu jelas, kudu boga udagan hirup. Bari kabehanana kudu sabar bari daria dina ngajalankeun prosesna, sabab dina ngisi kahirupan nuju ka tujuan akhir, nu wajib mah prosesna sedengkeun hasil eta mah bonus ti Nu MahaKawasa.
Caaag.
0 Comments