Hadirin Jama’ah Shalat Jum’at nu dimulyakeun ku Allah !
Dina kasempetan nu mulya ieu, mangga urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sinareng katakwaan urang Ka Allah SWT. Ku cara urang ngagiatkeun diri dina ngalakasanakeun sagala Parentah Allah oge nyingkahan sagala perkara nu dilarang ku Allah. Dipalar kataqwaan ieu sing ngabaju miragasukma dina kahirupan urang ayeuna tug nepi ka dipapag ajal ku Nu Maha Kawasa. bari kahontalna salamet di dunya oge salamet di akherat jaga, bagja di dunya oge bagja diakherat jaga. Aamiin.
Hadirin Jama’ah Shalat Jum’at nu dimulyakeun ku Allah !
Dina
kitab Sirrul-Asraar, Shulthonul Auliya Sayyidi Syaikh Abdul Qadir al-Jilani Q.S.
ngabagi tingkatan puasa, nu kahiji Ash-Shaumusy-Syarii’ati nyaeta puasa
Syare’at, nu kadua Ash-Shaumuth-Thoriiqoti nyaeta puasa Tarekat,
jeung nu katilu Ash-Shaumul-Haqiiqoti nyaeta puasa Hakekat. Anapon
puasa syare’at nyaeta:
أَنْ يُمْسِكَ عَنِ الْمَأْكُوْلَاتِ وَالْمَشْرُوْبَاتِ
وَعَنِ الْوِقَاعِ فِي النَّهَارِ
“Nahan
diri tina dahar, nginum jeung Jima’ atawa sapatemon dina waktu beurang.”
Tegesna,
puasa syare’at mah ngudag kasampurnaan syarat jeung rukun miturut aturan fiqh nahan diri tina perkara nu ngabatalkeun eta puasa, saperti dahar, nginum, hubungan badan jeung
pamajikan ti waktu beurang. Mun seug hal ieu bisa dilakonan kalayan sampurna,
maka sah puasana. Sedengkeun puasa Tarekat mah nyaeta:
أَنْ يُمْسِكَ جَمِيْعَ أَعْضَائِهِ عَنِ الْمُحَرَّمَاتِ
وَالْمَنَاهِيْ وَالذَّمَائِمِ مِثْلَ اْلعُجُبِ وَاْلكِبْرِ وَاْلبُخْلِ وَغَيْرِهِ،
ظَاهِرًا وَبَاطِنًا لَيْلاً وَنَهَارًا، فَكُلُّهَا يُبْطِلُ صَوْمَ الطَّرِيْقَةِ
“Ngajaga
sakabeh anggota badan (si jalma nu puasa) tina milampah perbuatan-perbuatan nu
diharamkeun jeung nu dilarang (ku Allah), oge ngajauhan sifat-sifat nu goreng patut,
saperti ujub, sombong, medit jeung nu sejenna lahir katut batin. Maka lamun seug
milampah hal eta batal puasa tarekatna.”
Hadirin Jama’ah Shalat Jum’at nu dimulyakeun ku Allah !
Jadi,
puasa Tarekat beda jeung puasa Sare’at, puasa Sare’at mah ngutamakeun nahan diri tina dahar,
nginum jeung perkara nu matak jadi batal wungkul. Sedengkeun puasa
Tarekat mah jaba nahan perkara nu matak batal miturut syare’at ditambah ngajaga atawa nahan sakabeh anggota badan katut panca indra, bari ngaberesihkeun diri tina
pasifatan goreng lahir katut batin, ngajauhan perkara nu teu aya faedahna, oge
ngaraksa-ngariksa batin tina sagala panyakit qalbu.
Nu
jadi bedana deui antara puasa Sare’at jeung puasa Tarekat nyaeta, ngeunaan
waktu ngalakonana. Ari Puasa Sare’at mah ka wengku ku waktu, ka sengker ku mangsa.
Tegesna, puasa Sare’at mah ‘Muwaqqot’ hartina mibanda waktu-waktu nu tangtu,
saperti ku datangna bulan Romadhon, puasa senen jeung kemis, puasa Dawud, puasa
Ayyamul Bhiid, jeung puasa sunah sejenna. Sedengkeun puasa Tarekat mah henteu
ka wengku ku waktu, tapi ‘Mu’abbad fi Jamî’i ‘Umrih’, sapanjangna hirup, salagi nyawa dikandung badan, puasa Tarekat mah sawadina dilakonan. Jadi, puasa Sare’at mah dilakonan
ti mimiti bijil fajar nepi ka surupna panon poe dina waktu sapoe, malah aya nu ngaharamkeun
sagala mun seug puasa diwisholkeun atawa disambungkeun nepi ka sapoe sapeuting,
kudu luyu jeung aturan fiqh. Sedengkeun puasa Tarekat mah buka puasana nalika
ajal datang. Tegesna, puasa Tarekat mah nyaeta ngajaga lahir katut batin tina
milampah akhlak nu goreng diganti ku akhlak nu hade nu waktuna saumur-umur.
Matak
puasa Sare’at mah sah hukumna. sanajan dijerona milampah ghibah, namimah, sanajan
bari ujub, riya oge sombong, salila
manehna kuat nahan teu dahar teu nginum jeung perkara nu ngabatalkeun sejenna. Matak
lamun teu dibarengan ku puasa Tarekat, pasti kaasup kana golongan puasana nu
ku Kanjeng Nabi SAW. didawuhkeun:
رُبَّ صَائِمٍ لَيْسَ لَهُ مِنْ صِيَامِهِ
إِلَّا الْجُوعُ
“Loba
jalma nu puasa (tapi) puasana teu meunang nanaon (teu meunang ganjaran puasana)
iwal meunang lapar wungkul.” (HR Imam Ibnu Majah)
Matak
aya babasan, loba jalma nu puasa sacara Sare'at, tapi hakekatna teu puasa, loba
jalma nu nu sacara Sare'at teu puasa tapi hakekatna keur puasa. Maksudna, loba
jalma nu lahiriahna puasa nahan diri tina perkara nu ngabatalkeun, tapi teu
ngajaga lalampahan batinna masih resep ngukut panyakit qalbu, masih resep miara
panyakit hate, ujub digugulung, sombong ditembong-tembong, masih resep nyawad, resep
ngahina, ngewaaan, masih deleka ka sasama, ieu hakekatna manehna teu puasa. Tapi aya
jalma nu ceuk Sare'at mah teu puasa, tapi mungguh hakekat mah manehna keur
puasa, nalika eta jalma ngajaga lahiriah katut batiniahna tina perkara-perkara
nu matak renggangna hubungan jeung Allah oge sasama.
Hadirin
Kaum Muslimin anu mulya!
Jadi,
Puasa Sare’at mah wilayahna di Shodr (dina dada) fungsina ngadalian nafsu
amarah. Sedengkeun Puasa Tarekat mah wilayahna dina qolbu (dina hate) fungsina ngadalian
nafsu lawwamah. Leuwih punjul deui asup kana Puasa Hakekat, nu ngawengku lain
wungkul dada jeung qolbu, lain wungkul ngadalian nafsu amarah jeung lawwamah
wungkul, tapi ngawengku fu’adah, lelembutan sajeroning lelembutan nu fungsina
pikeun ngambahkeun hiji hamba kana sagara maqam kama’rifatan pikeun ngancikkeun
nafsu Muthma’innah dina diri. Nu hasilna, bakal numuwuhkeun rasa tenang, rasa
tingtrim, miceunan rasa ‘Ta’aluq’ ka makhluq, estu wungkul ka Allah, rasa
mahabbah atawa rasa cinta ka Allah tambah-tambah ku tembongna kataatan sapanjangna
hirup. estu teu weleh sono moho ka Allah.
Jadi,
Hakekat puasa sacara Sare’at oge sacara Tarekat teh lalampahan hiji hamba
nerapkeun kana dirina sifat-sifat Ilahiyah atawa sifat-sifat Ka-Pangeranan, nu
sajatina Allah tara tuang-leueut, tara milampah kaawonan, estuning Manten-Na
Dzat nu mibanda kasampurnaan. Ku hal ieu pisan, Allah ngadawuh dina Hadits
Qudsy:
اَلصَّوْمُ لِى وَأَنَا أَجْزِى بِه
“Puasa
teh pikeun Kami, jeung Kami (langsung) nu bakal malesna (ngaganjarna)”.
(HR. Imam Ahmad)
Hadirin Jama’ah Shalat Jum’at nu dimulyakeun ku Allah !
Salajengna
Syeikh Abdul Qadir al-Jilani Q.S. nyutat hadits Qudsi:
يَصيْرُ لِلْصائِمِ فَرْحَتَانِ: فَرْحَةٌ
عِنْدَ الْإِفْطَارِ وَفَرْحَةٌ عِنْدَ رُؤْيَةِ جَمَالِي
“Aya
dua kabungah pikeun jalma nu puasa: (bungah nu kahiji) nalika buka (puasa),
jeung (bungah kadua) nalika ningali ka Maha Sampurnaan Allah.”
Pikeun
Ahli Sare’at, makna buka puasa teh, nyaeta nalika surupna panon poe dina waktu
maghrib, jeung nalika ningali hilal tanggal hiji syawal (idul fitri) nu jadi
tanda akhirna bulan Romadhon. Sedengkeun miturut ahli Tarekat mah buka puasa teh nyaeta nalika meunangna konci pikeun asup ka Surga nu satuluyna ngarasakeun
bungahna ku narima sapuasna bari saendeng-endeng kana kanikmatan eta surga,
bari ditambahan nikmat nu teu aya deui nikmat nu pangpunjulna kanikmatan,
nyaeta bisa ningali Allah kalayan nyata, ieu pisan nu kaasup kana hasil puasa Hakekat.
Ku
hal ieu pisan, diusahkeun khususna para saalikin. kum urang sadayana lain wungkul puasa Sareat, tapi urang kudu
oge puasa Tarekat. Tegesna, puasa teh lain wungkul nahan diri tina nu ngabatalkeun
puasa sacara Sare'at, tapi urang kudu narekatkeun diri ku jalan kudu bisa nahan sagala perkara nu nimbulkeun
lahir katut batin maksiyat ka Allah. Lamun tos duanana saimbang, tinggal undak
maqom kana puasa Hakekat, nyaeta puasa nahan hate nu pangjerona (Lubb) tina ta'aluq ka makhluq, mengparkeun perkara
salian ti Allah Ta’ala, nahan rahasia batin (sirr) tina micinta salian ti Allah
Ta’ala, luyu sareng kasauran Syaikh Abdul Qadir Al Jailani Q.S.:
إِمْسَاكُ الْفُؤَادِ عَنْ مَحَبَّةِ مَاسِوَى
اللهِ تَعَالَى وَإمْسَاكُ السِّرِّ عَنْ مُشَاهَدَةِ غَيْرِ اللهِ
“Ngajaga
qalbu tina micinta salian Allah, jeung ngajaga rusiah bathin (sirr) tina
musyahadah ka salian Allah.”
Mugia bulan Romadhon ayeuna, ibadah urang lain wungkul ngudag ganjaran, tapi ibadah nu numuwuhkeun
rasa pikeun ngaronjatkeun diri bari giat ngudag rido Allah sareng MahabbahNa. Aamiin
بَارَكَ اللّٰهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ
الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ
الْحَكِيْمِ. أَقُوْلُ قَوْلِيْ هَذَا وَأَسْتَغْفِرُ اللّٰهَ لِيْ وَلَكُمْ
وَلِلْمُسْلِمِيْنَ فَاسْتَغْفِرُوْهُ إِنَّهُ هُوَ الْغَفُوْرُ الرَّحِيْمُ
Khutbah II
اَلْحَمْدُ لِلّٰهِ عَلَى إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلَى
تَوْفِيْقِهِ وَامْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لَا اِلٰهَ إِلَّا اللّٰهُ وَحْدَهُ
لَا شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ
الدَّاعِى إِلَى رِضْوَانِهِ. اَللّٰهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ
وَعَلَى اٰلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كَثِيْرًا أَمَّا بَعْدُ
فَيَا أَيُّهَا المُسْلِمُوْنَ اِتَّقُوْا اللّٰهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا
عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللّٰهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ
بِنَفْسِهِ وَثَـنَّى بِمَلَآئِكَتِهِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعَالَى إِنَّ اللّٰهَ
وَمَلَآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ يَآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا
صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا اَللّٰهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا
مُحَمَّدٍ صَلَّى اللّٰهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَعَلَى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ
وَعَلَى اَنْبِيَآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلَآئِكَةِ الْمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ
اللّٰهُمَّ عَنِ الْخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَرَ وَعُثْمَانَ
وَعَلِيِّ وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِيْ
التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا
مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ اَللّٰهُمَّ اغْفِرْ
لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ
الأَحْيَآءِ مِنْهُمْ وَالْاَمْوَاتِ اَللّٰهُمَّ أَعِزَّ الْإِسْلَامَ
وَالْمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَالْمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ
الْمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ
الْمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَأَعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى
يَوْمِ الدِّيْنِ. اَللّٰهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا الْبَلَاءَ وَالْوَبَاءَ
وَالزَّلاَزِلَ وَالْمِحَنَ وَسُوْءَ الْفِتَنِ وَالْمِحَنِ مَا ظَهَرَ مِنْهَا
وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خَآصَّةً وَسَائِرِ الْبُلْدَانِ
الْمُسْلِمِيْنَ عَآمَّةً يَا رَبَّ الْعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا
اَنْفُسَنَا وَ اِنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ
الْخَاسِرِيْنَ. رَبَّنَا آتِنَا فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى الْآخِرَةِ
حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ عِبَادَ اللّٰهِ، إِنَّ اللّٰهَ يَأْمُرُ
بِالْعَدْلِ وَالْإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِيْ الْقُرْبٰى وَيَنْهَى عَنِ
الْفَحْشَآءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ
وَاذْكُرُوْا اللّٰهَ الْعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلَى نِعَمِهِ
يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللّٰهِ أَكْبَرُ وَ اللّٰهُ يَعْلَمُ مَا تَصْنَعُوْنَ

0 Comments