Ad Code

Responsive Advertisement

Ticker

6/recent/ticker-posts

Nyinglar kasusah reujeung kasedih

Syaikh Ibrahim bin Adham salah saurang Ulama Sufi ti nagri Bashrah, nu katelah Aba Ishaq, hiji waktos anjeunna ningali salah saurang jalmi nu keur susah jeung sedih. Teras anjeunna nyaketan. Barang tos caket lajeng anjeunna naros:

“Ki Silah ! Katingalina anjeun teh keur nandangan kasedih, pedah eta katingal dina roman beungeut anjeun ?”

“Muhun Syaikh ! Abdi teh nuju nandangan kasusah nu pohara, manawi salira Syaikh gaduh bongbolongan kangge nyinglarna.” Walon eta jalma

“Ke, kami rek nanya heula ka anjeun ngeunaan tilu pasualan.” Saur Syaikh Ibrahim bin Adham

“Mangga Syaikh!“ Jawab si eta jalma

“Nu kahji, kami nanya ka anjeun, naha di alam dunya ieu, aya hiji perkara atawa kajadian nu teu dikersakeun ku Allah ? Saur Syaikh Ibrahim bin Adham ngawitan naros ka eta jalma,

“Teu aya Syaikh, da sadayana oge apan Kersa Manten-Na” Walon eta jalma

“Nu Kadua, Naha rejeki nu geus ditetepkeun dikurangan ku Allah ?” Syaikh Ibrahim bin Adham naros deui ku pasualan nu kadua kalina.

“Tangtosna oge henteu Syaikh! Mustahil Allah ngirangan rezeki nu tos ditetepkeun kangge hamba-hamba-Na.” Tembal eta jalma.

"Nu Katilu, Naha Umur anjeun nu geus ditetepkeun, naha dikurangan ku Allah ?” Syaikh Ibrahim bin Adham naros deui ku pasualan nu katilu kalina.

“Duh Syaikh ! Tangtosna oge henteu ! Mustahil Allah ngirangan yuswa nu ku Anjeun-Na parantos ditetepkeun,” Jawab eta jalma.

“Tah mun geus apal bari paham kitu mah, naha atuh anjeun bet susah jeung sedih sagala. anjeun paham bari yakin, yen sagala perkara nu lumangsung tos jadi katetepan Allah, urang mah ukur nampa, narimakeun bari ngajalankeun kana naon nu tos janten katetepan Manten-Na, komo mun dibarung ku  rido kana naon nu geus jadi pamaparin Allah, pan hal ieu teh kaasup golongan jalma nu pangbeungharna," Saur Syaikh Ibrahim bin Adhambari, kadangu anjeunna neraskeun deui sasauranana,

"Terus naha make kudu hariwang kana perkara nu geus jadi takeran katetepan Allah, rejeki hamo pahili, hamo dikurangan malah mah bakal ditambahan mun seug dibarengan ku rasa syukur, sok lebah mana nu kudu jadi kahariwangna jeung kasusahna, lebah mana nu kudu jadi kasedihna.“ Saur Syaikh Ibrahim bin Adham bari neraskeun sasaurna,

"Terus ngeunaan umur, pan geus ditangtukeun itungan batesanana, hamo dikurangan, samalah mah bisa bae ditambahan itungan ku Kersa MantenNa, tah ayeuna mah tinggal kumaha carana ngamanfaatkeun eta umur malar jadi kamanfaatan keur diri urang oge sasama, pan saur Kanjeng Nabi SAW., _Khoiruman Man Thoola ‘Umruhu Wa Hasuna ‘Amaluhu_ yen paghade-hadena jalma, nyaeta nu panjang umurn bari alus amal-amalanana., terus nu kudu jadi sedihna lebah mana ?" Saur Syaikh Ibrahim bin Adham mungkas cariosanana.

Caaag. 

Post a Comment

0 Comments