Ad Code

Responsive Advertisement

Ticker

6/recent/ticker-posts

Paguneman ngeunaan Akhlak jeung Elmu

"Bah mana nu utama, antara akhlak jeung élmu?"

"Mun ditingali dina fungsina kabéhanana ogé utama."

"Terus mana nu kudu ditiheulakeun antara élmu jeung akhlak?"

"Akhlak."

"Naha Bah?"

 "Urang buka kasauran Ulama nu ngajelaskeun,Ù†َØ­ْـنُ Ø¥ِÙ„َÙ‰ Ù‚َÙ„ِÙŠْــلٍ Ù…ِــنَ اْلأَدَبِ Ø£َØ­ْÙˆَجُ Ù…ِÙ†َّا Ø¥ِÙ„َÙ‰ ÙƒَØ«ِÙŠْرٍ Ù…ِÙ†َ اْلعِÙ„ْÙ…ِ _Nahnu Ilaa Qoliilin minal Adabi, Ahwaju Minnaa Ilaa Katsiirin Minal 'Ilmi__urang leuwih ngabutuhkeun Adab atawa akhlak (sanajan) saeutik, dibanding élmu (sanajan) loba, maksudna yén adab kacida pisan pentingna dipibanda saméméh ayana élmu, sabab akhlak nu bakal nungtun élmu, béda jeung élmu can tangtu nungtun akhlak."

 "Maksudna kumaha Bah?"

"Enya, jalma nu mibanda akhlak bakal nungtun élmu nu diraéhna, dirina moal ngarasa asa pangpinterna, asa pangbisana, asa pangbenerna, sabab ku akhlak nungtun dirina sangkan tawadhu' atawa dépé-dépé handap asor, hamo sombong ku élmu nu aya dina dirina. Mémang élmu penting keur kahirupan, keur kamajuan, tapi aya nu leuwih penting nyaéta akhlak, samodél kiwari loba karusakan ku sabab élmu nu teu didadasaran akhlak, Hartina maju mundurna manusa ku adab tatakrama, matak kacida jelasna Kanjeng Nabi diutus téh apan keur nyampurnakeun akhlak manusa khususna di nagri Jazirah 'Arab, nu harita kahirupanana lir sato héwan, silih paténi, silih gunasika, parebut kakawasaan, lir di leuweung saha nu kuat nya manéhna nu kumawasa, antukna katelah wéh kaom jahiliyah, kaom nu barodo, tapi bodona lain dina haliyah élmu, tapi dina akhlak, ari élmu mah palinter da geuningan kawéntar ahli dagang, ahli ekonomi, ahli ngabangun, tapi sarombong nu jadi hanjakalna."

 "Émang aya Bah nu boga élmu teu boga akhlak?"

"Aya atuh."

 "Saha Bah?"

"Kokojona mah Iblis."

 "Émang Iblis kumaha kitu Bah?"

"Ulah salah, Iblis téh kacida pinterna, malah kungsi jadi pamingpinna para mala'ikat, tapi ku sabab teu boga adab dirina tijuralit ku kasombonganana, teu nurut kana paréntah Allah, nganggap dirina asa panghadéna, asa pangmulyana, asa pang-boga hakna pikeun jadi khalifah di alam dunya, antukna hasud, sombong, nepi ka diusirna ku Allah,"

 "Jadi utama pisan atuh akhlak téh nya Bah?"

"Bener pisan, sabab akhlak pisan nu bakal bisa nyalametkeun diri manusa tina kasarakahan, kawangkelangan, kasombongan, jeung pasifatan goréng séjénna. Adab anak ka kolot, adab murid ka guru, adab nu ngora umurna ka nu kolot umurna, adab rahayat ka pamingpinna, adab natamu, adab natangga, adab ngobrol, adab dagang, jeung adab-adab séjénna nu di alam kiwari kadang geus kurang diterapkeun dina kahirupan sapopoé."

 Caaag.

Post a Comment

0 Comments