Ad Code

Responsive Advertisement

Ticker

6/recent/ticker-posts

Impenan Syaikh Abdullah bin Mubarak (Tina rebuan Jema'ah Haji ukur saurang nu ditarima ku Allah)

Dihikayatkeun, nalika Abdullah bin Mubarok tutas nyampurnakeun ibadah Haji, anjeunna ngarasakeun kacapéan nepi ka kapulesan kulem, dina sajero kulemna anjeunna ngimpén, aya dua Malaikat turun ti langit, nu dua Malaikat éta guntreng ngobrol,  

“Sabaraha urang ayeuna nu ditarima ibadah Hajina?” Tanya Malaikat nu hiji.

“Dina danget ayeuna mah, teu aya saurang ogé nu ditarima ibadah Hajina.” Jawab Malaikat nu hiji deui.

Ngadéngé obrolan dua Malaikat éta, Abdullah bin Mubarok ngageter, lir kapupul bayu awakna leuleus taya tangan pangawasa, reuwas lir dipapas mamaras.

Kadéngé deui dua Malaikat téh neruskeun deui obrolanana,

“Duh karunya teuing, jema’ah haji téh datang ti saban nagri, ngabélaan cul sagala, rido lumampah ngambah sagara, teu gimir mipir-mipir gawir nu lungkawing, teu mangmang mapay jungkrang nu longkéwang, teu jadi halangan najan kudu ngambah sagara pasir nu panas mentrang-mentring nuju ka tanah suci seja ibadah Haji, bari ibadah hajina ambuh teu puguh, duh karunya teuing.” Ceuk Malaikat nu awal nanya.

“Tapi aya saurang nu ditarima, nyaéta tukang sol sapatu ngarannna Ali bin Muwaffiq urang Damaskus, ngan hanjakal ayeuna teu datang ka Baétulloh, tapi najan teu datang ibadah Hajina ditarima bari dihampura sagala dosana ku Allah Ta’ala.” Walon Malaikat nu hiji deui.

Ngadéngé béja kitu, Abdullah bin Mubarok gugah tina kulemna, bari rada ngagerendeng,

“Kieu carana mah kuring kudu ka Damaskus nepungan Ali bin Muwaffiq.”

Isukna Abdullah bin Mubarok indit ka Damaskus, teu kacatur dijalanna anjeunna tos dugi ka Damaskus, terus tatanya ka saban jalma ngeunaan Ali bin Muwaffiq dimana ayana, kocapkeun jalma nu dipaluruh teu burung kapanggih. Barang tos paadu hareupan mah, "derekdek!" baé Abdullah bin Mubarok ngadongéngkeun kasangtukang pangna maluruh hoyong tepung. Tegesna,  hayang ngabuktikeun ngeunaan ngimpina ka Ali bin Muwaffiq. Sakedapan Ali bin Muwaffiq ngabetem semu nu mugen nyarita. Ari ku dipaksa mah antukna éléh déét, nya Ali bin Muwaffiq nyarita,

“Salila 30 taun lilana kuring hayang indit ibadah haji, nya tina hasil ngesol sapatu téh kuring bisa ngumpulkeun duit 350 dirham, nya kuring reugreug kuat niat dina taun ieu bakal indit ka Baétulloh. Ngan dina hiji poé kabeneran pamajikan téh keur nyiram, ngambeu seungitna pasakan ti tatangga, nya kaaranan nu nyiram sok geloran, sagala hayang, kapaksa kuring ngadatangan ka éta tatangga pikeun menta saeutik pasakannana, ngan barang kuring ménta ka éta tatangga, manéhna ngadon nyegruk ceurik.”

“Pokna téh, yén geus tilu poé manéhna jeung anak-anakna teu manggih dahar, pas tadi pabeubeurang manéhna ningali sisi jalan aya kaldé nu paéh, nya ku manéhna téh dagingna dicokot sakeureut tuluy dipasak, nya éta pisan pasakanana nu kaambeu seungitna" Jep jempé sakedapan Ali Muwaffiq lir nahan ceurik, rasa ngageuri ati ku kaayaan tatanggana, laju pok deui neruskeun caritana,

"Ceuk kuring ka manéhna, ieu dahareun teu halal sabab tina bangké, ké tungguan sakeudeung, tuluy kuring indit balik ka imah, nyokot duit nu 350 dirham téa, tuluy kuring balik deui ka éta tatangga bari masrahkeun éta duit pikeun kapereluan manéhna jeung anak-anakna. Pamikir kuring ieu tatangga leuwih wajib dibantu batan kuring indit ka tanah suci”

Ngaédéngé carita kitu ti Ali bin Muwaffiq, Abdullah bin Mubarok teu lirén ngalisankeun tasbéh, bari nyarios,

“Subhaanallaah! Subhaanallaah! Subhaanallaah! Bener pisan naon nu diobrolkeun ku dua Malaikat dina impian téh, Alloh Robbul ‘Aalamiin bener-bener Maha Adil dina ngaganjar ka Hamba-hambaNa.”

Walloohu A'lam bish Showaab.

Caaag.

Post a Comment

0 Comments