Ad Code

Responsive Advertisement

Ticker

6/recent/ticker-posts

LAYANG KAMA'RIFATAN BASA SUNDA (2)

Enggoning ngumbara di dunya teh sing tepi ka ngarasana teu pisahna jeung Allah jeung Rasulullah, Samangsa-mangsa geus teu ngarasa pisahna jeung Rasulullah beurang peuting, sugan piraku urang rek goreng tekad,ucap,lampah, saperti sirik-pidik-jail-kaniaya ka sasama mahluk, karana tangtu ngarasa isina, lantaran ngarasa dipoconghok beurang peuting ku Pangeran sagala hal moal bisa di sumput salindungkeun deui jeung sagala hal kalakuan naon bae, moal make ujug-riya jeung takabur, karana ngarasa geuning diri urang teh, teu aya kakawasaan, estu Apes-Hina-Doip-Bodo, bisa soteh aya rijki pagawean bisa jadi, singhoreng kalawan pitulungna nu Maha Suci, nyaeta Kudrat-Iradatna anu kawasa nyatana Allah SWT.

Jadi ayeuna bisa oge ditetepkeun samangsa-mangsa jalma make keneh kalakuan sirik-pidik, jail-kaniaya ka sasama mahlukna Allah ta’ala, boh dinu ma’siat, boh di lebe, boh di santri, boh dikiayi pisan, ciri-ciri eta jalma tacan ngarasa deukeutna jeung Rasululloh teu ngarasa deukeutna jeung Pangeran tangtu tekad jeung lakuna cicing dina Ujub-Riya-Takabur, sok ngaku pinter aing teu deungeun, ngaku bener aing teu deungeun, ngaku bisa ngaji aing teu deungeun, ngaku islam aing teu deungeun. Jadi jalma anu kitu teh ngaku boga Kudrat-Iradat sorangan bae, teu narima kana Kudrat-Iradat Pangeran, jadi ngarebut atawa mapadani kana kakawasaanana Allah ta’ala. Kapan teu gampang urang ngaku islam sumawona tadah-tuduh ka batur si itu islam, si itu kafir anging Gusti Allah anu uninga jeung nu baris netepkeunana. Kieu kateranganana:

BAB  ISLAM

Ari tegesna Islam teh suci, beresih tina sagala kokotor, naon anu ngajadikeun kokotor? Teu aya lian anging nafsu ku sabab eta saha jalmana di dunya nu teu boga nafsu? Sumawona dina jalma ma’siat sanajan dina nu ahli agama oge pada katetepan nafsu, komo deui anu make Sirik-Pidik-Ujub-Riya-Takabur, sanajan nafsu hayang kana dunya oge geus kotor bae, kieu kateranganana.

Sategesna ari Islam teu dua teu tilu, estu ngan hiji-hijina malah keur sahiji teh goib, nyaeta sategesna sifatna Islam teh Nur tah eta nu teu katetepan nafsu teh, sabab tadi geuning urang keur aya dina alam Nur mah teu boga nafsu hayang naon-naon, kitu deui anu Islamna teu dua teu tilu, da ngan sahiji-hijina nyaeta kangjeng Rasululloh. Tuh geuning jalma mah teu kabagean pangkat Islam jalma mah ngan ukur jadi umat tapi kana pangkat umat oge sarebu hiji karana bangga sabab kudu nyaho heula ka Rasululloh jeung ngalakonan kana parentahna, lolobana mah ngan ngaku-ngaku wungkul, sumawona nyaho ka Rasululloh kana parentahna oge loba nu teu ngalakonan, kapan dina Rukun Islam oge diwajibkeun jarah ka Madinah ka pakuburanana Kangjeng Rasululloh, jeung ka Baetulloh hakekatna kudu terang kana hakekatna Rasululloh jeung karaton Alloh Ta’ala nu aya dina diri sorangan, kapan aya dililna:

Kullu Umatin Wa Rusullihi

Sundana: Dina sakabeh umat pada katetepan Rasululloh hartina rasana Allah.

Kusabab eta perlu urang panasaran wajib nganyahokeun kana hakekatna Rasululloh nu aya di badan sorangan, peupeuriheun jarah ka Mekah, Madinah teu bisa kapan tadi oge aya dua rupa, Munggah Haji teh, Haji Majazi jeung Haji Hakeki.

  • Haji Majazi nyaeta anu bisa jarah ka baetullah jeung Madinah
  • Haji Hakeki nyaeta anu geus nganyahokeun kana Hakekatna Baetullah jeung Rasulullah dina dirina sorangan.

Karana Rasulullah teu pupus,upama pupus mah alam dunya oge moal aya, kapan geuning Kangjenng Gusti Syarip Hidayat oge tiasa tepang ku jalan Tarekat, jadi sanajan urang oge upama hayang jadi umat Rasulullah kudu bisa nyaho kana Hakekatna Rasulullah nu disebut Johar Awal tea, sing kapanggih jeung Tarekatna leleberannana ti para Wali.

NERANGKEUN UMAT RASULULLAAH

Ari umat Rasulullah the haq-haqna mah ngan aya opat nyaeta:

  1. Sahabat Abubakar
  2. Sahabat Umar
  3. Sahabat Usman
  4. Sahabat Ali

Sabab eta anu opat nu sagulung-sagalang beurang peuting jeung Rasulullah, sarta didamel sahabat (utusan Rasulullah), tapi ayeuna sarerea oge meureun terang yen eta sahabat nu opat teh geus parupus Majajina mah, tapi Hakekatna mah teu pupus, aya di badan Manusa, kapan Rasulullah oge hakekatna aya di manusa.

  • - Hakekatna Abubakar nyatana Paninggal
  • - Hahekatna Umar nyatana Pangdangu
  • - Hakekatna Usman nyatana Pangucap
  • - Hakekatna Ali nyatana Pangangseu

Eta paninggal – pangdangu – pangucap – pangangseu teh, gaib kabeh teu aya rupana, tah

eta hakekatna Kangjeung Nabi Muhammad SAW.

Jeung kudu bisa jadi jadi ngahiji ngarasa babarengannana beurang peuting jeung Rasulullah, samangsa-mangsa geus teu ngarasa pisahna jeung Rasulullah, tetap jadi umatna, tiap-tiap geus jadi umatna, tangtu engke bakal di sampurnakeunnana di datangkeun ka Gusti Nu Maha Suci, (Asalna), upama teu nyaho ayeuna mah ka Rasulullah sarta teu ngarasa ngahiji na engke oge pipisahan bae, nyawa urang moal salah deui, tangtu balik deui ka dunya marakayangan jadi Jurig, Setan, Siluman atawa nitis-menitisna duei ka jalma atawa ka sato, samangsa-mangsa nyawa manusa balik deui ka dunya, tetep bakal cilaka asup ka naraka, engke dina Qiyamatna ieu alam dunya, karana ayeuna Nyawa-nyawa manusa marakayangan tegesna teu bisa balik ka Allah, ceuk basa ayeuna mah keur di Preventief, aya di alam Barjah tunggu-tunggu Landraad, engke inget bakal aya Landratan nu leuwih gede dina Walyaomal akhiri (Qiyamatna ieu Alam Dunya).

NERANGKEUN RUKUN IMAN KAGENEPNA NYAETA


Wal qodari chaerihi wa syarrihi minallohi ta’ala

Sundana : “Untung ala untung becik papasten ti Allah Ta’ala atawa hade goreng ti Allah Ta’ala.”

Lebah dieu urang percayana teh ulah kaliru, kudu dipikir kudu di leyepan, kapan tadi Gusti Allah teh sipat na Maha Suci, piraku urang anu suci, make bakal nyiksa, make bakal ngaganjar di Akherat, jadi ana ana kitu mah Gusti Allah ngadamel Manusa teh ngalap paedah, kersana rek ngaganjar jeung rek nyiksa, lamun kitu mah atuh moal tulus sucina Allah Ta’ala teh tapi urang kudu percaya kana dalilna, urang kudu percaya kana ayana Sawarga – Naraka atawa ngeunah teu ngeunah engke di Akherat, karana ayeuna ge di Dunya, kembangna geus karasa, aya ngeunah jeung teu ngeunah tapi eta sawarga Naraka teh lain ti Allah Ta’ala tapi sategesna tina tekad jeung pamolah urang keur waktu di dunya, sabab tadi Gusti Allah Ngadamelna manusa teh sakali jadi,heunteu nungtut deui, geus Qunpayaqun, breg sama sakali cukup teu aya kakurangannana, tapi maparin cukup teh, nyaeta maparin parabotna wungkul naon ari parabot ti Allah Ta’ala teh? Nyaeta Panganggota saperti leungeun dua, suku dua,panon dua,ceuli dua, Irung dua,Baham, jeung Napsu opat perkara: Amarah,loamah,Sawiyah,Mutmainah.

Kieu dawuhan Allah Ta’ala, lamun maneh hayang ka Naraka tegesna hayang kana teu ngeunah, prak bae gera migawe ala, nyaeta migawe kalakuan anu goreng, da kapan geus sadia parabot ti aing, aya Amarah,loamah,Sawiah kitu deui lamun maneh hayang ka Sawarga tegesna kana ka geunahan, pek bae geura migawe kalakuan anu hade, da kapan geus sadia parabotna ti aing, nyaeta napsu mutmainah, sawarga naraka di dunya sumawona di akherat oge, beunang nyieun tina tekad jeung pamolah urang waktu urang keur di dunya, kitu deui beubeunangannana oge moal keur batur, tetep keur milik urang sorangan, ti dunya nepi ka Akherat.

Jadi ku sabab eta ayeuna urang sarerea mangka ati-ati, enggoning ngajalankeun parabot ti Allah Ta’ala teh, kudu make budi jeung pamilih anu cukup, ualah rek ngagunakeun teuing parabot Amarah,sawiah, kirang bara ari teu dipake pisan mah, atuh ulah loba-loba teuing, sakurang kurangna sing sama timbangannana jeung ngagunakeun parabot Mutmainah, karana sing awas, eta beubeunangan tina pagawean urang teh engke di akherat ku gusti Allah bakal di tetepkeun, sabeunangna ti pagawean urang bawa ti pangumbaraan nyaeta ti alam dunya saboga-bogana moal pahili deui.

Kumaha atuh akalna supaya urang bisa ngaloba keun parabot Mutmainah? Teu aya deui akalna lian ti urang kudu bisa nyalindung ka Allah ka Rasulullah, tegesna kudu ma’ripat, tiap-tiap geus ma’ripat tangtu bisa ngarasa babarengan beurang peuting jeung Allah jeung Rasulullah,tiap-tiap geus ngarasa teu pisah, Insa Allah bisa hade Ibadahna kalawan sah.nagara oge tangtu aman.

NERANGKEUN PASAL QUR’AN

Ari Qur’anna teh aya opat perkara

  1. Qur’anul Majid
  2. Qur’anul Karim
  3. Qur’anul Haqim
  4. Qur’anul ‘Adim

Ieu Qur’an anu opat perkara di surahannana ku salah sahiji Ajengan Kiyeu:

  • No. 1. Qur’anul Majid nyaeta Qur’an anu aya hurupna nu sok di araji ku kaom Islam sa Alam Dunya.
  • No. 2. Qur’anul Karim hartina Qur’an anu mulya buktina nyaeta keneh bae Qur’an nu aya tulisannana, karana eta anu di mulyakeun ku kaom Islam sa Alam dunya.

  • No. 3. Qur’anul Haqim, hartina Qur’an anu Agung disebutkeun barangna eta keneh bae Qur’an anu sok dibaraca sabab eta anu di Aragungkeun ku kaom Islam sa Alam Dunya.
  • No. 4. Qur’anul Adim, hartina Qur’an anu suci jeung nu langgeng di tuduh eta keneh bae buktina mah Qur’an anu aya tulisannana karana eta anu Suci jeung Langgeng hukumannana ti Dunya nepi ka Aherat.

Tah kitu Qur’an nu opat perkara teh disurahannana ku nu ahli Sara jadi di borong bae kajeun aya opat ngarana barang mah eta-eta keneh bae. Jadi anu kitu eta Qur’an tulisan the dianggap Tapekong karana kapan sidik Qur’an eta mah meunang nulis manusa, naha disebutkeun Qur’an eta anu Mulia, anu Agung, anu Suci, anu Langgeng kapan sidik Qur’an tulisan mah keuna ku ruksak, jadi lamun kaom Islam keukeuh boga patekadan kitu atuh teu beda jeung Agama Cina sesembahannana Migusti kana barang anyar turug-turug oge nu nyieuna nu anyar.

Kusabab kitu muga dulur-dulur kaom Islam ulah kaliru kieu ayeuna dihandap ku jisim kuring rek diterangkeun pasal eta Qur’an anu opat perkara teh.

- Qur’anul Majid eta mah cocog barangna nyaeta Qur’an Majaji anu bukti aya hurupna anu umum sok dibaraca ku sarerea kaom Islam.

- Qur’anul Karim, hartina Qur’an anu Mulya sategesna anu ngaran Qur’anul Karim teh buktina panangan katut ramo karana kapan sidik jolna eta aksara teh tina tangan jeung ramo jadi sategesna nu Mulya teh nyaeta Panangan katut ramo anu mimiti ngadamel eta Qur’an, cik saha anu mimiti ngayakeun eta Qur’an? Piraku teu kaharti tah eta anu Mulya teh.

- Qur’anul Hakim, hartina Qur’an anu Agung nyaeta buktina teh paninggal karana panangan katut ramo moal bisa nulis upama teu aya paninggal, jadi sateges-tegesna anu Agung teh nyaeta paninggalna nu mimiti ngayakeun eta Qur’an.

- Qur’anul Adim, hartina Qur’an Suci jeung langgeng nyaeta buktina hirup karana paninggal tangan jeung ramo moal bisa ngajadikeun upama teu aya hirup jadi sateges-tegesna nu Suci jeung nu langgeng teh hirupna nu mimiti nganyahokeun eta Qur’an.

Kusabab kitu urang oge ayeuna ngaji teh lamun hayang nepi kana Sucina, lamun hayang nepi kana sampurnana eta Qur’an anu opat perkara teh kudu di aji kabeh, mimiti urang kudu daek maca heula Qur’anul Majid nyaeta Qur’an Majaji nu aya hurupna tah eta bagian Ilmu Sare’at sanggeus dibaca kudu terus di aji nyaeta kudu dihartikeun pimaksudeunnana, sanggeus kaharti pimaksudeunnana geura teangan jeung pigawe Tarekatna sangkan karasa, sabab eta Qur’anul Majid teh tuduh jalan pikeun ka Alloh ka Rasululloh, jalanna teu aya deui lian ti ku Tarekat nyaeta ku Qur’anul Karim hartina kudu ngaji pagawean tangan jeung ramo urang anu sakira bakal tepi ka Alloh ka Rasululloh karana Gusti Alloh maparin leungeun jeung ramo ka manusa teh, lain kudu dipake ngajadikeun jalan keur nganyahokeun ka Alloh ka Rasululloh supaya tangan jeung ramo urang teh jadi Mulya, karana aya dalilna:

'Ashoobi'ahum fii aadzaanihim minash showaa'iqi hadzarol maoti wallohu muhiithun bil kAafirIin

Kieu pisundaeunnana: Lamun tangan jeung ramo maneh teu di pake nyieun jalan maot, tetep tangan jeung ramo maneh martabatna ramo hewan kafir tetep bakal ka naraka.

Tina Qur’anul Karim kudu naek deui kana Qur’an Haqim bagian Tarekat, nyaeta kudu ngaji pagawean paninggal urang nu sakira bakal Haqim tegesna sidik kana barang langgeng tea, karana gusti Alloh maparin awas paninggal ka manusa teh lain bae kudu dipake ngawaskeun kana barang anyar nu keuna ku ruksak bae, tapi jeung kudu dipake ngawaskeun kana Hakekat Alloh jeung Rasululloh, nyaeta anu kasebut Qur’anul Adim anu langgeng tea atawa sifatna hirup bibitna tujuh bumi, tujuh langit sarawuh eusina kabeh, tah didinya urang oge asalna jadi sategesna ngaran Ma’rifat ka Alloh teh nyaeta geus nyaho kalawan Haqim kana Hakekatna Alloh jeung Muhammad tegesna Johar Awal, tapi mangkade kaliru bisi netepkeun Johar Awal teh kana caangna panon poe nu katinggal ku panon kapala, eta mah Johar Pirid bagian Sawarga Loka ( Dewa ) tempatna di Gunung Himalaya perkara Johar Awal anu sajati mah, nyaeta anu kasebut Johar Latif tegesna goib moal bisa katinggal ku panon kapala, ceuk dalilna:

Ru’yatullaAahi ta’aalaa fii dunyaa bi’aenil qolbi.

Hartina : “Ningali Hakekatna Allah ta’ala ti dunya ku awasna ati”

Tegesna ku hakekatna Rasulullah, sabab sifat jelema mah moal aya nu bisa Ma’ripat kadinya karena jelema mah ngan ukur dipake keur tempat ningalina Rasulullah ka Allah ta’ala, samangsa-mangsa wujud urang geus bisa dipake tempat ningalina Rasulullah ka Allah Ta’ala, tangtu ramo urang bisa nyaritakeun yen geus ngaku nyaho ka Allah Ta’ala, Lantaran geus dibejaan (dipasihan terang) ku Rasulullah, jadi urang mah kabawa ni’mat ku Rasulullah, ti dunya nepi ka akherat, moal sulaya deui sabab geus tetep jadi umatna karana ti ayeuna oge geus teu ngarasa pisahna jeung Rasulullah lantaran wujud teh beurang-peuting di anggo bae tempat ku Rasulullah ningali ka Allah Ta’ala, samangsa-mangsa geus ngarasa babarengan beurang peuting jeung nu Suci, Insa Allah tekad jeung laku teh lila-lila oge kabawa Suci, setan-setan moal dareukeut, tapi kitu soteh nu Ma’ripat kalawan Taohidna, ari teu jeung Taohidna mah sulaya bae, sanajan geus boga Tarekatna, teu ngarasa sieun teu ngarasa isin, jonjon bae tekad jeung lakuna sakama-kama, jadi nu kitu teh Ma’ripatna, Ma’ripat mikung, tangtu di dunyana moal meunang sapaat ti Rasulullah, di dunyana moal lepot tina kasusah, kabendon kunu Maha Suci, ibarat lampu dikurungan ku semprong anu kotor geus tangtu poek, da kudu Suci pa Suci-suci eusina, suci cangkangna, kakara jadi di dunyana moal lepot tina kani’matan, di akheratna pon kitu deui.

Kusabab eta poma-poma dulur-dulur anu geus boga jalan ka Ma’ripatan, tekad,ucap jeung lampah anu goreng teh kudu di jaga bener-bener, ulah darapon nyaho bae, tapi kudu di barengan jeung tekadna, ucapna jeung lampahna anu hade, sabab lamun urang ngalakonan pagawean maksiat ngalanggar hukum sara tangtu urang gancang di bebendonna ku nu Maha Suci anu langkung beurat, hukuman bongan geus nyaho, beda deui jeung anu acan nyaho, saperti di Dunya oge urang kampung maling hayam, di hukumna ngan ukur di denda jeung di bui saminggu, coba upama wadana lamun maling hayam hiji, tangtu leuwih berat hukumannana, jaba ti lepas pangkatna teh, jeung bari di hukum tikel dua kali ti anu si kampung tadi, hukuman bongan geus nyaho kana artieklna, komo anu geus nyaho ka Allah Ta’ala mah sing inget perjanjian Guru Mursid ( hartina Guru nu geus inkisap ka Pangeran ) Salamet babarengan noda,dosa jeung doraka pipisahan.

AYEUNA NERANGKEUN MARTABAT ALAM TUJUH (nganggo rucatan engangna kecap)
Alam Ahdiyat hurup Al

Alam Wachdat hurup Lah

Alam Wahidiat hurup Mu

Alam Arwah hurup Ham

Alam Ajsam hurup Mad

Alam Misal hurup A

Alam Insan Kamil hurup Dam

Buktina Alam dunya oge eusina ngan tujuh poe, hakekatna nyaeta tina Alam nu kasebut ti luhur, tegesna alam nu tujuh teh lalakon Allah, Muhammad, Adam ku sabab eta wajib di kanyahokeunnana ku sarerea. Upama urang arek nyusul kana asal sabab lamun teu di kanyahokeun ti ayeuna jalan-jalanna jeung barang-barangna, atuh tangtu bakal sasab, moal bisa balik deui ka asal, sabab teu kapanggih deui jeung jalana waktu tadi urang turun-turunna ti Akherat ka Alam Dunya.

Ayeuna martabat Alam tujuh teh, ku jisim kuring rek di terangkeun, sarta make ibarat kalawan di buktikeun ku gambar, supaya gampang di hartoskeunna.

 Tingali gambarna

 

 (Hanca)

 

 

 

 

 

 

 

Post a Comment

0 Comments