Diriwayatkeun,
aya hiji nonoman boga karep hayang guguru ka Syaikh Abu Sa'id Abul Khair nu
kamasyhur mibanda karomah tina kawalianana. Jauh-jauh dijugjug, anggang-anggang
ditéang teu tolih kudu ngambah sagara keusik nu upluk-aplak satungtung deuleu.
Teu
kacatur dijalanna éta nonoman téh anjog ka tempat Syaikh Abu Sa'id Abul Khair,
kasampak Syaikh Abu Sa'id Abul Khair nuju ngaos, nyaéta ku nonoman
didédéngékeun eusining bacaan Syaikh Abu Sa'id Abul Khair, pas harita nu
dibacana Surat Al Fatihah, nu miturut éta nonoman yén bacaan surat Al Fatihahna
Syaikh Abu Sa'id Abul Khair téh rusak sabab teu faséhat, teu manjing kana
makhroj-makhrojna, nepi ka éta nonoman ngaragukeun ka Syaikh Abu Sa'id Abul
Khair, gerentesna,
"Teu
mungkin ceuk batur Syaikh Abu Sa'id Abul Khair téh kamasyhur kawalianana,
geuningan maca Fatéhah gé masih rusak makhraj-makhrajna, rék kumaha kuring jadi
muridna."
Antukna
éta nonoman téh ngabedokeun niatna pikeun guguru ka Syaikh Abu Sa'id Abul
Khair, pamustunganana indit tanpa permisi ti majlisna Syaikh Abu Sa'id Abul
Khair. Ngan aya kajadian ahéng, barang kaluar ti éta majlis karék sababaraha
léngkah, éta nonoman dicegat ku sakadang Singa nu ngagerem siap ngerekeb, atuh
éta nonoman reuwas campur sieun karepna rék balik deui ka majlis Syaikh Abu
Sa'id Abul Khair, barang malikkeun awakna kasampak ditukangeunana ogé aya singa
nu séjénna nu sarua siap ngerekeb.
Dina
kaayaan sieun akhirna éta nonoman ngajerit ménta tulung, nu jeritanana téh
ngagareuwahkeun Syaikh Abu Sa'id Abul Khair nu keur ngaos, nya langsung Syaikh
Abu Sa'id Abul Khair kaluar nyampeurkeun, nu langsung nyarék éta dua singa semu
nu ngagelendeng,
"Apan
ceuk kuring, aranjeun poma ulah ngaganggu ka para tamu kuring, geus kaditu
ayeuna mah anjeun arindit!" Kituna téh Syaikh Abu Sa'id Abul Khair bari
ngusap-ngusap éta dua singa nu harita duanana ogé ting kudupruk taluk payuneun
Syaikh Abu Sa'id Abul Khair.
Nya
dikitukeun ku Syaikh Abu Sa'id Abul Khair éta dua singa téh arindit ninggalkeun
éta tempat. Demi nonoman ukur olohok ngembang kadu reuwas kareureuhnakeun
campur ta'ajub ka Syaikh Abu Sa'id Abul Khair ku bisa meruhkeun dua singa nu
ampir-ampiran ngerekeb manéhna. Barang tos kumpul pangacianana, éta nonoman
naros ka Syaikh
Abu Sa'id Abul Khair,
"Naon
rusiahna pangna salira Tuan Syaikh, tiasa meruhkeun dua singa nu sakitu ganggas
galakna?"
Ditaros
kitu Syaikh Abu Sa'id Abul Khair, ngawaler,
"Yeuh
ki silah, salila ieu kuring nyibukkeun diri nata rasa mérélékeun haté nepi ka
euweuh tempat dina haté ieu pikeun goréng sangka ka sasama, ku hal ieu pisan
Allah maparin kaistiméwaan ka kuring bisa meruhkeun sakabéh sasatoan nu ganggas
galak di ieu patempatan."
Ngadangu
kasauran Syaikh Abu Sa'id Abul Khair kitu, éta nonoman nu ngabedokeun niatna
teu jadi guguru téh, ngadadak robah deui jadi gilig tékad pikeun miguru ka
Syaikh Abu Sa'id Abul Khair. Kadangu deui Syaikh Abu Sa'id Abul Khair sasauran
bari nanya ka éta nonoman,
"Anjeun
apal kana kakurangan diri?"
"Henteu
pisan ya Tuan Syaikh." Jawab éta nonoman.
"Salila
ieu anjeun sibuk merhatikeun hal lahiriah wungkul, lat poho teu merhatikeun hal
batiniah, teu mérélékeun haté, teu ngabebenah qalbu anjeun, loba nyangka goréng
ka sasama, matak pantes kasieun anjeun kana kaayaan napel kuat, teu bisa
meruhkeun alam disaluareun diri anjeun." Saur Syaikh Abu Sa'id Abul Khair.
Walloohu
A'lam bish Showab.
Caaag.
0 Comments