“Maha Suci (Alloh) anu geus ngiangkeun abdi-Na dina hiji peuting ti
Masjidil Haram ka Masjidil Aqsha, anu Sakurilingeunana ku Kami
diberkahan, pikeun Kami nembongkeun ka manehna ti antara ayat-ayat Kami.
Saestuna Anjeun-Na Nu Maha Ngadangu, tur Nu Maha Uninga”. (Al-Isra, 17:
1)
“Pamohalan pisan siah !…ku numpak onta bae merelukeun lalampahan
sabulan pikeun ngajugjug ka Baetul muqoddas teh, nya kitu deui mulangna
geus dumuk sarua merelukeun waktu sabulan deui. Ari anjeun Muhammad ukur
ku waktu sapeuting, alah ngabohong teh meni kaleuleuwihi anjeun mah
Muhammad !... demi Lata jeung ‘Uzza kami henteu percaya .. henteu siah
!..kami mah henteu percaya, bohong anjeun Muhammad !”.
Kitu diantarana pok-pokkannana urang Quraesy nalika nampa warta ngeunaan
isro’ jeung mi’rojna Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w. ieu caritaan teh
kedalna ti salah saurang gegeden Quraisy nyaeta Muth’ah bin Adi.
Tur ieu kajadian teh lumangsung nalika Kanjeng Nabi rengse
ngalaksanakeun shalat Shubuh nu peutingna anjeunna tos diangkir ku Alloh
pikeun ngadeuheus ka Manten-Na nu satuluyna nampa hiji parentah nyaeta
parentah sholat lima waktu dina waktu sapoe sapeuting, nya nu katelah
mah eta lalampahan teh isro’ jeung mi’roj tea.
Nyaeta hiji lalampahan nu hamo kahontal ku akal, sabab lalampahan ka
Baetul Muqoddas nu merelukeun waktu sabulan pikeun ngajugjugna jeung
sabulan pikeun mulangna teh, cukup ku lalampahan sapeuting. Ku kituna
wajar kajadian ieu teh ngondang kacangcayaan jeung ka teu percayaan ti
warga nu aya disabudeureun kota Mekkah, khususna kaum Quraesy.
Nu memang Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w. oge harita ngaraos bingung teu
manggih tungtung, susah manah teuaya sudana, sanaos kayakinan mah tetep
teguh pengkuh yen tadi peuting anjeunna tos ngadeuheus ka Robbul
‘Aalamin. Demi nu ngajantenkeun kabingung anjeunna teh teu aya sanes,
nyaeta kumaha carana pikeun nepikeun ieu warta ka urang mekkah umumna
oge kaum Quraisy pada khususna dina mangsa harita, nu memang geus
sakuduna ditepikeun, sabab ieu hal teh kaasup warta nu eusina parentah
ti Alloh s.w.t. bari anjeunna tos ngajudi yen pasti bakal loba jalma nu
teu percaya kana ieu beja. Keur anteng mikiran kumaha carana pikeun
nepikeun ieu beja, torojol teh Abu Jahal nu kabeneran ngaliwat, nu
langsung nyampeurkeun ngadeukeutan ka Rosululloh s.a.w. bari tuluy
nyarita bari rada sinis:
“Kumaha kabar anjeun yeuh Muhammad anak Abdullah…? Naha aya beja nu
anyar tur penting nu datang ti pangeran anjeun, nu ku anjeun ayeuna
katarima”
Ditaros kitu Rosulullah s.a.w. ngawaler: “Alhamdulillah …puji syukur
wungkul pikeun Alloh Dzat Pangeran nu kami aya dina Kakawasaanna-Na,
Aeh geuningan Mamang, sumuhun Mang ! aya”. Bari rengkuh sopan, da tetep
najan dikumaha-kumaha oge Abu Jahal nu sakitu ceuceub ka anjeunna teh
masih pamanna ku anjeun,
“Beja Naon nya ?” Ceuk Abu Jahal Panasaran.
“Eta mang ! wengi tadi pisan … abdi tos ngayakeun lalampahan “..
“Lalampahan ka mana ?“ Tanya abu Jahal deui
“Ka Baitul Maqdis” Waler Kanjeng Nabi s.a.w. pondok.
“Tuluy rebun-rebun keneh ayeuna, anjeun geus aya deui didieu” Ceuk Abu Jahal
“Leres” Waler Kanjeng Nabi s.a.w.
Nguping sasauran Rosulululloh s.a.w. kitu, Abu Jahal seuri ngagakgak
bangun nu ngeunah bari nembongkeun rasa kangewana ka Kanjeng Nabi s.a.w.
sanajan Rosululloh s.a.w. alona pituin, seurina Abu Jahal teh sabab ku
ka teu percayaanana kana naon nu disaurkeun ku Kanjeng Nabi s.a.w. tuluy
Abu Jahal nyarita deui:
“Naha anjeun wani yeuh Muhammad anak Abdullah ! pikeun nyaritakeun eta beja ka warga mekkah ?
“Ih Mangga wantun pisan !… sareng kaleresan atuh, abdi teh nuju bingung kumaha
carana ngadugikeun ieu wartos, tah kaleresan Mamang nawisan kitu nya
bingah nu aya, da memang tos sakedahna ieu wartos teh didugikeun” Waler
Rosululloh s.a.w. katingal paromanna semu nu bingah, sabab nuju bingung
kumaha carana ngumpulkeun urang Mekkah, kari-kari Abu Jahal nawarkeun
jasa, nya asa mobok manggih gorowong, manggih cukang komo mun meuntas.
“Tah mun seug anjeun wani ke ku kami bakal dikumpulkeun didieu”. Jawab Abu Jahal.
Geus kitu mah teu loba cacarita deui, Abu Jahal langsung ngumpulkeun warga Mekkah di Masjidil Haram.
Atuh henteu merelukeun waktu nu lila, kacaritakeun warga nu aya
disabudeureun kota Mekkah geus kumpul di Masjidil Harom pikeun nampa
beja nu bakal dicarioskeun ku Rosululloh s.a.w. ngeunaan beja nu katampa
dina peuting tadi. Barang geus kumpul kitu, derekdek Kanjeng Nabi
s.a.w. ngadugikeun eta beja kalayan atra teu aya nu di sumput-sumput,
naon nu katingali, nu karasa oge nu kaalaman dina waktu peuting tadi
nalika anjeunna ngalaksanakeun lalampahan isro’ sareng mi’roj. Ti kawit
anjeunna disumpingan ku Malaikat Jibril a.s. kalayan nyandak Buroq nu
bakal jadi
tutumpakan Rosululloh s.a.w. dina lalampahan peuting harita, ti Mekkah
ka Masjidil Aqsha nu satuluyna anjeunna ngadeueheus ka Alloh.
Dina lalampahan eta anjeunna liren di tilu tempat pikeun reureuh. bari
diparentah ku Malaikat Jibril tiap liren di tilu tempat eta teh kudu
sholat dua roka’at. Anapon tempat nu kahiji nyaeta di Thaibah atanapi
Yatsrib. Teras tempat nu kadua anjeunna liren di Gunung Sina, tempat
Nabi Musa Munajat ka Alloh s.w.t. jeung nu terakhir di Baitul Lahmi,
nyaeta tempat dimana Nabi Isa dibabarkeun.
Barang tos dugi ka Masjidil Aqsha dicarioskeun yen anjeunna tos diantos
ku para Nabi-nabi nu tipayun samemeh anjeunna, nu harita mapag pinuh ku
pangbagea, langsung anjeunna netepan berjama’ah kalayan anjeunna
langsung nu janten Imam sedengkeun Ma’mumna para nabi-nabi nu tipayun.
Rengse netepan lajeng anjeunna naek ka langit kahiji, kalayan ditungtun
ku Malaikat Jibril naek kana hiji taraje nu kacida alusna, estu endah nu
hamo aya tandingna. Barang geus nepi ka panto Gerbang Langit ka hiji
anjeunna dipapag ku 1200 malaikat nu satuluyna ngawal anjeunna dina eta
lalampahan, didieu anjeunna tepang sareng Nabi Isma’il a.s.
Salajengna Kanjeng Nabi s.a.w. ngajelaskeun yen anjeunna tepang sareng
Kanjeng Nabi Adam a.s. nu harita nuju mayunan jiwa-jiwa umat manusa nu
keur digiring kalayan ngabaris, didieu Rosululloh s.a.w. ningali
jalma-jalma nu keur dihukum nu luyu reujeung lampah dosana, aya nu
nelegan seuneu nu ngabebela nepi ka sungutna tutung kabeuleum tuluy
ancur, ieu teh hukuman pikeun jalma-jalma nu nyalahgunakeun harta banda
budak yatim. Teras anjeunna ningali jalma nu beuteung jeung awakna
barareuh bari tuluy diserang ku buaya-buaya, ieu hukuman pikeun
jalma-jalma nu resep ngarentenkeun. Jeung rea- rea deui kajadian nu
kasaksen ku kanjeng Nabi s.a.w. nu eta kabeh teh minangka I’tibar pikeun
jalma nu masih hirup kumelendang di alam dunya ti harita tug dugi ka
runtagna ieu alam dunya.
Tos rengse ngabeberkeun pangalamanana lajeng Kanjeng Nabi Muhammad s.a.w. mungkas Dadawuhna.
“Tah kitu yeuh Umat kami, dulur-dulur kami kabeh !.. yen demi Alloh nu
nyawa kami aya dina kakawasaanna-Na, yen peuting tadi kami teh
bener-bener geus diiangkeun ku Alloh pikeun ngalakukeun lalampahan ka
Baetul Muqoddas, tuluy kami naik ka langit kahiji nepi ka langit ka
tujuh kalayan numpak hiji kandaraan nu lumpatna tarik lir ibarat kilat,
kalayan dibaturan ku Malaikat Alloh nyaeta Malaikat Jibril. Nu satuluyna
kami ngadeuheus ka Alloh Robbul ‘Aalamin, nya ku nampa hiji parentah
ibadah nyaeta sholat lima waktu dina sapoe sapeuting. ”.
Ti saprak harita, kaayaan nagri Makkah geunjleung, aya dua kubu, kubu
nu hiji maranehna teu percaya kana naon nu disaurkeun ku Rosululloh
s.a.w.. kubu nu kadua, maranehna percaya. Nepi ka antukna kajadian ieu
teh jadi alat keur kaum musyrikin pikeun mangaruhan jalma-jalma nu geus
ariman mangsa harita. Nya aya diantarana nu ariman oge jadi murtad,
sabab kapangaruhan.
Nalika ieu kajadian wartosna dugi ka Abu Bakar. da aya diantara gegeden
kaum Musyrikin nu ngahaja nyumpingan Abu Bakar, bari niatna mah seja
mangaruhan Abu
Bakar supaya milu mikangewa ka Rosululloh s.a.w.,
“Yeuh Abu Bakar ! naha anjeun geus narima beja ti batur anjeun Muhammad ?” Ceuk eta gegeden Musyrikin naros ka Abu Bakar.
“Beja naon nya ?” Waler Abu Bakar
“Yen batur anjeun Muhammad ngabejakeun ka kami manehna teh geus
ngalakukeun hiji lalampahan nu teu asup akal, nyaeta indit ti Mekkah ka
Baitul Muqoddas terus ka langit dina waktu sapeuting” Ceuk eta gegeden
Musyrikin ngajelaskeun.
Nguping kitu Abu Bakar langsung naros deui ka eta gegeden Musyrikin:
“Naha bener ieu beja teh langsung disaurkeun ku anjeunna”
“Bener..pisan Abu Bakar. henteu nginjeum ceuli kami ngadenge langsung” Jawab eta gegeden.
“Mun bener anjeunna nyarios kitu, maka kami percaya pisan yen eta beja bener ayana” Waler Abu Bakar tandes.
Ku hal eta pisan Abu Bakar kenging Gelar Ash-Shidiq, jalmi nu
ngalereskeun nalika kaayaan jalma harita loba nu teu percaya kana
sasauran Rosululloh s.a.w.
Ieu ringkesan carita rundayan kisah ngeunaan isra’ sareng mi’roj teh tos
sering diguar ku para kiyai di pasantren, ku guru agama di sakola, ku
para khotib nalika keur khutbah, oge ku para mubalegh dipodium nalika
acara pangaosan sareng sajabina.
Tah ayeuna kantun taros ka diri urang masing-masing, etang-etang
muhasabah atanapi ngevaluasi diri, naha oleh-oleh isro’ mi’roj teh tos
leres-leres ku urang dilaksnakeun naha teu acan ? naha tos karaos amisna
ibadah sholat urang teh, naha teu acan ?. naha tos leres-leres ngajaga
sapuratina kana waktos-waktosna ? naha tos napak dina kahirupan hasil
tina ngalaksanakeun ibadah sholat teh, naha teu acan ? mangga waler ku
manah masing-masing.
Sabab dina emprona ngeunaan nampa carita isro’ sareng mi’roj teh, boh
jaman kapungkur nu langsung didugikeun ku Rosululloh s.a.w. oge zaman
kiwari sanaos ku ngalangkungan lisan para Ulama, para kiyai, ustadz
sareng ajengan atanapi ngalangkungan buku-buku oge kitab-kitab, tetep
jalmi mah dibagi dua golongan dina nampina.
Golongan kahiji, nyaeta golongan nu tetep nolak kana ieu kajadian.
Golongan kadua, nyaeta golongan nu nampi kalayan pinuh ku kaimananan
bari ngajalankeun sapuratina kana oleh-oleh ieu lalampahan Rosulululloh
s.a.w.
Tah malihan tiasa oge ditambihan zaman kiwari mah eta dua golongan teh
ku golongan nu katilu, nyaeta golongan nu ngalakonan-ngalakonana mah
kana oleh-oleh isra’ sareng Mi’roj teh, tapi masih keneh lalawora dina
ngalakonana.
Atanapi aya golongan nu ka opat, nyaeta golongan nu nampi-nampina mah
kana ieu kajadian, percaya-percayana mah kana ieu carita, ngan hanjakal
teu acan daek keneh kana ngalakonan eta oleh-oleh Isro’ Mi’roj teh.
Tah asup ka golongan nu mana urang teh ?
Tapi parandene kitu, urang tetep ngadu’a ka Alloh mugia urang sadayana,
para putra-putu, garwa oge rundayan turunan urang. Mugia salamina,
masing tiasa ngajaga, ngariksa kana ngalaksanakeun ibadah sholat sareng
waktu-waktuna. Anu mangrupakeun oleh-oleh sasih Rojab ieu. Amin.
Wallohu A’lam Bish-Showaab
0 Comments