Ad Code

Responsive Advertisement

Ticker

6/recent/ticker-posts

Dunya katut Kanjeng Nabi Adam A.S. Awal Diyuga (7)

Lumangsungna kajadian rajapati antara anak manusa. Kabil nu ngamimitianana ku maténi Habil nu jadi dulurna. Iblis nu ngahasudna, nu mémang geus jadi sumpahna. Yén moal reureuh ngagoda jeung ngajak manusa sangkan milampah dosa. Malah geus terang-terangan nganyatakeun jadi musuh anu nyatan. Ku hal éta, Allah Nu MahaKawasa ngadawuh ku KalamNa,

Alam A'had ilaikum Yaa Banii Aadama An Laa Ta'budusy Syaithoon, Innahuu Lakum 'Aduwwun Mubiin. (Ya_siin: 60).

"Naha lain Kami geus maparin pangwawadi ka arandika, 'Yeuh Anak Adam! Poma arandika ulah nyembah ka setan, satemenna maranéhna téh musuh nu nyata pikeun arandika.'"


Adam harita sedih ngarasa lara tunggara, ngadangu lampah Kabil nandasa nu jadi dulurna. Kaayaan jadi robah sapadaharita. Tutuwuhan jadi carucukan dahan-dahanna. Sasatoan ngajauhan tina kahirupan manusa. Adam nyusul Kabil nu mawa kabur Iqlima. Nepi kedal supata, 

"anjeun bakal dipikangéwa ku sakumna manusa, moal aya rasa aman hirup anjeun dimana baé ayana ku milampah laku durjana. Turunan aranjeun bakal jadi turunan nu daroraka."

Supata Adam nyata ayana, sakur-sakur lampah doraka mawa watek teu aman karasana, lampah durjana matak dipikangéwa ku sasama, lampah dosa moal matak mawa lugina.

Tutas kajadian rajapati antara kadua anakna. Adam neruskeun kahirupanana, bari ngarundaykeun turunan ngaramékeun alam dunya. Tug dugi ka tepung sareng waktu pupusna. Para malaikat turun pikeun mulasara layonna, laju dibungkus ku lawon bodas pulasna, tutas kitu para malaikat shalat ku takbir opat balikan dina jumlahna. Réngsé kitu laju dikurebkeun sakumaha mistina. Ieu hal jadi patokan awal dina ngurus mayit keur umat Muhammad sakumna.

Réngsé kahirupan Adam dina tugasna, nyandang gelar Nabi sareng Rasul Nu MahaKawasa, ngokolakeun dunya jadi Khalifah dina tugasna dicipta. Anjeunna manusa awal nu langsung dicipta ku Nu Kawasa. Nya anjeunna pisan nu pangheulana ditarima tobat tina lampah salahna.

Laju ka rundayan nu satuluyna. Ka Idris nu bakal jadi panerusna. Tugasna mah sarua, ngajak hadé ka sakumna manusa.
Hanca
Wallaahu A'lam bish Showaab.

Post a Comment

0 Comments