Adam sering huleng jentul ras inget nalika di sawarga. Bathinna ngocéak ka Nu MahaKawasa,
"Anjeun Gusti nu ngayuga, Anjeun Gusti nu niupkeun ruh ka jasad abdi nalika diyuga. Kiwari abdi di usir ti sawarga, rumaos tos milampah doraka, naha abdi tiasa mulang deui ka sawarga mun tobat abdi ditampa."
Allah ngawaler ku Dawuhna, yén sakabeh anak Adam nu milampah dosa bakal bisa asup ka sawarga, nalika tobat kalawan saenyana. Sabab MantenNa Dzat Maha Lautan Hampura.
Adam bungah ngadangu waleran Nu MahaKawasa, reugreug manah Adam sareng Babu Hawa dina ngamakmurkeun alam dunya. Dina ngarundaykeun turunanana, Babu Hawa ngandung nepi ka babarna, tiap babar kaluar kembaran dua, Kabil dulurna Iqlima, Habil dulurna Labuda. Nu satuluyna nalika nincak mangsa dewasa, dikawinkeun silang antara maranéhna. Kabil dikawinkeun ka Labuda, Habil dikawinkeun ka Iqlima.
Kabil nolak kana putusan Adam harita, sabab teu panuju kawin ka Labuda. Adam ngawaler bari tetep kana putusanana, sabab teu halal mun kawin ka Iqlima sabab dulur kembaranana, kitu téh putusan Allah Ta'aalaa. Kabil tetep teu narima.
Iblis nu geus unjuk paménta ka Nu MahaKawasa, pikeun ngagoda Adam jeung turunanana, langsung rerencepan ngahasut Kabil sangkan tetep nolak kana putusan Adam harita. Adam bingung kumaha carana sangkan Kabil narima putusanana, bari ulah aya riributan antara kadua anakna.
Lajeng Allah maréntahkeun sangkan duana ngalakukeun kurban hasil gawéna. Saha nu kurbanna ditarima, maka éta nu bakal kawin jeung Iqlima. Gancangna carita, Kabil nurut mawa kurban hasil tatanénna, ngan hanjakal nu dibawa hasil tatanén nu panggoréngna. Sedengkeun Habil mawa kurban hasil ingon-ingonna, Domba gibas jalu bari pangalusna. Cirina ditarima kurban antara duanana, bakal datang seuneu nu nyamberna. Duanana teu sabar nunggu putusan Nu MahaKawasa. Saha sabenerna nu bakal kurbanna ditarima.
Teu lila datang nyirorot seuneu nu ngabebela, nyamber salah sahiji kurban nu aya. Nya kurban Habil nu ditarima, Domba gibas jalu nu pangalusna nu ditarima ku Nu Maha Kawasa. Hal ieu jadi kasunahan pikeun Umat Muhammad sakumna, nalika seja kurban séba ka Nu MahaKawasa.
Kabil tetep kana pamadeganana, yén Iqlima kudu kawin jeung dirina. Ditambah Iblis terus ngaharéwos ku hasutanana. Antukna Kabil ngancam bakal maténi Habil nu jadi dulurna. Habil nyadarkeun ka lanceukna, mun seug enya bakal maténi ku gara-gara teu narima putusan Nu MahaKawasa. Maka bakal rugi bakalna. Ditambah ku rencana maténi dirina, bakal dosa nu ditarima, tur jadi katetepan bakal renggenek nyicingan naraka.
Kabil tetep teu narima, nu akhirna Habil dipaténi nepi ka anggeusna. Akibat rasa timburu nu pohara, pamustunganana teu bisa ngadalian dirina. Kaduhung satutasna, layon Habil dipapanggul bingung cara mulasarana. Maka datang dua japati kahareupanana, nu hiji ngagolér tanpa nyawa, nu hiji deui ngoréhan taneuh nepi ka jerona. Laju japati nu jadi bangké di susungkur kana liang hasil ngoréhna, laju dirurugan ku taneuh urut ngoréhan nepi ka réngséna.
Ningali ketak dua japati hareupeunana, teu talangké Kabil nurutan mulasara dulurna nu geus jadi layon lantaran dirina.
Hanca...
Walloohu A'lam Bish Showaab.
0 Comments