Ad Code

Responsive Advertisement

Ticker

6/recent/ticker-posts

Dunya katut Kanjeng Nabi Adam A.S. Awal Diyuga (5)

Adam kaduhung ku lampahna, ceurik balilihan ras Alamka dirina nu wani milampah doraka, gara-gara lampahna, di tundung ku Nu Maha Kawasa, indit ti sawarga bari papisah jeung Babu Hawa. Rasa kasono teu kaampeu ngagulidag jero dada, tapi teu bisa kukumaha da tos jadi putusan Nu MahaKawasa.

Adam mapay-mapay arah alam dunya, hiji nu jadi udagan tepungna reujeung Babu Hawa. Bari ngajerit hatena ka Nu MahaKawasa, teu leupas gegerenyeman lambena mapatkeun du'a,

Robbanaa dzolamnaa Anfusanaa wa In Lam Tagfirlanaa wa Tarhamnaa Lanaa Kuunanna minal Khaasiriin (al A'raf: 23)


"Duh Gusti Pangeran abdi sadaya, abdi dzolim ka diri abdi sadaya, mun seug Anjeun Gusti teu ragrag rahmat sinareng hampura, tinangtu abdi sadaya kalebet golongan anu tuna."

Sapanjang Lalampahan mapay arah jalan dunya, Adam teu eureun nganaha-naha ka dirina, kaduhung ngarempak larangan Nu MahaKawasa.

Kersaning Allah, Adam tepang sareng Babu Hawa, di tempat nu bakal jadi kumpulna turunannana jaga, Arafah nu katelahna. Adam bungah kacida. Rasa sono nu ngagalura, tamplok sapadaharita, kitu deui kaayaan Babu Hawa, nu samia sangsara nahan rasa kacinta nu pohara, satutas pisah nu sakitu lilana.

Saba'dana nyacapkeun rasa kasono nu sakitu lilana, Adam nuju ka Baitullah disarengan ku Babu Hawa, lajeng thawaf duanana, thawaf munggaran di alam dunya, Batu mulya Baitullah Harita, nu ayeuna jadi jugjugan umat Islam sadunya, dina nyampurnakeun rukun Islam nu kalima.

Salajengna duanana mulang ka nagri India. Nagri dimana Adam dilungsurkeun ti Sawerga. Aya rasa béda duanana antara renggenek di Sawarga jeung di alam dunya. Baheula disawarga sagala aya. Sedengkeun di dunya mah kudu nyiar heula. Bari duanan teu ngarti kana naon nu karasa. Jibril datang ngaharewos mawa béja, yén nu keur dirasa téh lapar ngaranna. Adam bingung kudu kumaha ngaleungitkeunana, ditahan kalah beuki nyeri karasana. Jibril ngaharéwos méré deui béja, yén kudu ménta dahar ka Nu MahaKawasa.

Duanana munajat bari nahan rasa laparna, Jibril datang mawa siki gandum titipan Nu MahaKawasa. Lajeng gandum kudu dipelak luyu sareng paréntah MantenNa. Wur!! Gandum téh diawurkeun rata. Dikersakeun jadi sapadaharita. Adam langsung ngaranggeum seja dihuapkeun kana bahamna. Sakilat Jibril ngajeuwang langsung pananganana. Bari miwarang dipanén heula, Adam mingkin bingung kumaha cara ngalana. Jibril nyontoan ka Adam tata carana. Saréngséna dipanén éta gandum kudu ditutu heula. Adam geus teu kuat nahan laparna, pon kitu deui Babu Hawa.

Ti mimiti melak nepi ka metikna, tutas dipetik tuluy dibabut sangkan misah jeung tangkalna. Tutas dibabut tuluy ditutu. Réngsé ditutu kudu dikebringkeun heula sagkan beresih tina kulitna. Tutas dikebringkeun ditutu deui nepi ka jadi tipungna. Tina tipung diolah nepi ka asakna. Késang kaluar maseuhan badanna, Adam tetep usaha hayang ngubaran rasa laparna.

Roti nu katelahna ayeuna. Adam tuang sawaregna pon kitu deui Babu Hawa, duanana reugreug renggenek di alam dunya. Sabab geus boga élmu keur ngokolakeun alam dunya.

Hanca...
Wallaahu A'lam bish Showaab

Post a Comment

0 Comments