Iblis diusir leuwih tiheula ti sawarga, bari nyandang darajat hina, hina ku lampahna, hina ku kasombongan dirina.
Iblis neuteuli ka Adam salawasna, Iblis kacida mikangewana. Antukna ngalakukeun sagala cara sangkan sarua siga dirina kaluar ti sawarga. Ngan hanjakal teu bisa asup ka jero sawarga. Malaikat geus lain deui jadi baturna. Ukur bisa kukurilingan di saluareun sawarga.
Dikersakeun aya oray nu bisa digoda, antukna Iblis diheungheum ku eta oray dina usaha hayang asup ka sawarga. Barang geus aya di sawarga, laju Iblis ngalancarkeun gogodana ka Adam jeung Babu Hawa.
Pamustungan hasil sagala usahana. Reka perdayana ngeuna ka Adam jeung Babu Hawa. Hiji tangkal nu dipahing dideukeutan komo diala buahna. Jadi alat Iblis dina ngagoda ku dibibita, yén éta tangkal téh buahna istiméwa, bisa ngajadikeun diri lana disawarga.
Munggaran Babu Hawa nu kagoda, nuang buah larangan Nu Maha Kawasa. Nu jadi ciri mandiri yen kaum istri mibanda watek gampang kagoda. Watek gampang dibibita, watek gampang kabawa ku perbawa rasa. Iblis bungah teu kudu hese capé ngaluarkeun tanaga. Cukup Babu Hawa ngeuna digoda kadituna Adam pasti bakal ka babawa.
Bener pisan sanyatana, Babu Hawa ka Adam balaka, tos tuang buah nu dilarang ku Nu MahaKawasa. Dina awalna Adam kuat pamadeganana, nolak pangajak Babu Hawa sabab kaasup lampah doraka. Antukna Babu Hawa jeung Adam teu patanya, bisa Akur saratna Adam kudu nohonan paméntana.
Nya geus jadi watekna lalaki hamo mungpang kahayang wanoja nu dipikacintana. Kitu pisan ngeuna ka Adam nu awal kuat pamadeganana, akhirna nurut paménta Babu Hawa najan apal éta téh lampah doraka.
Gancangna carita, Adam isin ka Nu Maha Kawasa ku sabab lampahna nu wani ngarempak larangannaNa. Antukna Adam disidang ku Nu MahaKawasa naon kasangtukangna pangna wani milampah doraka ka MantenNa.
Adam ngawaler saujratna. Dina awal katarik kagoda ku Babu Hawa nu geus kagoda ku Iblis leuwih tiheula. Ku hal éta Allah netepkeun hukuman ka Babu Hawa, hamo bisa ngandung iwal kudu ngalakukeun usaha saméméhna. Tur nalika bisa ngandung kudu nyawa jadi tandonna, dimana hayang ngaluarkeun eusi kandunganana.
Kitu deui ka oray nu jadi alat Iblis bisa asup ka sawarga, ditetepkeun jadi musuh manusa, mun panggih jeung Adam katut turunana, bakal lumpat nyumputkeun dirina. Tur mun kagok tepung maka bakal palastra dileungeun manusa.
Adam jeung Babu Hawa diusir ka alam dunya. Kalayan diturunkeun di tempat nu teu sarua. Adam dilungsurkeun di India, sedengkeun Babu Hawa di wewengkon Mekkah ayeuna. Pahatulalis kaayaan Adam harita. Turun ti sawarga nu sagala aya. Pindah cicing ditempat anyar nu can aya sagalana.
Hanca
Walloohu A'lam Bish Showaab.
0 Comments