Ad Code

Responsive Advertisement

Ticker

6/recent/ticker-posts

Alam Dunya katut Kanjeng Nabi Adam A.S. Awal Diyuga. (3)

Dina mangsa Jasad Adam diasupan ruh ku Nu MahaKawasa, nu awalna taneuh robah jadi daging dadak sakala. Paningal nu munggaran kabuka, Adam bisa niténan salirana. Karep Adam hayang ngadeg tapi teu wasa, ningal bungbuahan sawerga kabita hayang ngala. Namung taya daya upaya acan aya widi MantenNa.

Ningal ketak Adam kitu lajeng Allah ngadawuh ku KalamNa,

Khuliqol Insaanu Min 'Ajalin....(al Anbiya': 37)

"Manusa dicipta mibanda watek gurung-gusuh dina sifatna...."


Allah niupkeun ruh ka adam Nu salajengna, Adam bisa ngadeg ogé ngobahkeun salirana. Nalika Ruh dugi ka mastakana, Adam bersin munggaran tina pangambungna. Haréwos titah Nu MahaKawasa sangkan kedal Hamdalah ku lisanna. "Yarhamukallah!" dawuh Allah ngawalerna. Dugi janten kasunahan ka Umat Muhammad sakumna.

Sadaya Malaikat sujud ka Adam tanda hurmatna. Iwal Iblis nu mugen ku sabab kasombonganana. Maka kagolong kafir ku sifatna. Lajeng Allah naros ku DawuhNa,

Qaala Maa Mana'aka Allaa Tasjuda Idz Amartuka... (Al A'raf: 12)

"Naon nu jadi kasangtukang andika teu daék sujud ka Adam, padahal éta téh titah Kaula?"

Nyarita Iblis ngawaler panaros Nu MahaKawasa,


...Ana Khoirun Minhu Kholaqtanii Min Naarin Wa Kholaqtahuu Min Thiinin...(al A'raf: 12)

"....Abdi ka Adam langkung mulya, abdi tina seneu sedengkeun Adam tina taneuh diciptana."

Ku hal éta pisan Iblis diusir ti sawerga, jadi golongan makhluk nu hina ku watek jeung pasifatanana. Iblis ngajukeun paménta saméméh kaluar ti sawerga, ménta témpo hirup nepi ka datang kiamat jaga. Lian ti éta aya paménta séjénna, nyaéta ngagoda manusa sangkan milu sasar siga dirina. Akhirna Allah ngijabah manéhna, nu ieu téh jadi isarat yén Iblis musuh manusa anu nyata.
Lajeng Allah ngadawuh ku KalamNa,

Qaala Khruj Minhaa Madz 'uuman Madhuuran, Laman Tabi'aka Minhum La'amla'anna Jahannama Minkum Ajma'iina. (al A'raf: 18)

"Kaluar andika ti sawerga! Jadi buangan ogé jadi hina. Satemenna sing saha ti antara manusa nu nurut tumut ka andika, maka Kaula bakal ngabuskeun ka Naraka Jahannam kabéhanana."

Ieu pisan nu jadi sabab Iblis timbul hasudna. Sabab ngarasa hina gara-gara Adam dicipta. Neuteuli jadi watek jahatna. Antukna nyieun cara pikeun ngaréka perdaya Adam jeung turunanana.

Béda deui ka Adam dawuh Allah Nu Maha Kawasa dina mangsa harita,

Wa Yaa Aadamuskun Anta wa Zaujukal Jannata....(al A'raf: 19).

"Jeung yeuh Adam! Keur anjeun sok masing matuh anjeun jeung pamajikan anjeun di sawarga..."

Nya kitu awal sajarah hirup Adam diyuga. Di sawerga hirup dina awal cicingna. disarengan Babu Hawa nu janten bojona. Ngan aya syarat ti Nu MahaKawasa mun hayang matuh disawerga. Mun seug éta syarat dilanggar bakal aya mamalana. Ieu téh ka unggel dina DawuhNa Allah Ta'aalaa,

...Fakulaa Haitsu Syi'tumaa wa laa Taqroba Haadzihisy Syajarota, Fatakuunaa Minadz Dzoolimiina. (al A'raf: 19)

"... Pék dalahar sakarep aranjeun duaan kana saniskara nu aya di ieu sawerga, ngan poma ulah wani-wani ngadeukeutan ieu tangkal, mun seug anjeun ngadeukeutan maka dzolim kaasupna."

Hanca...

Walloohu A'lam Bish Showaab.

Post a Comment

0 Comments