Ad Code

Responsive Advertisement

Ticker

6/recent/ticker-posts

Alam Dunya katut Kanjeng Nabi Adam A.S. Awal Diyuga. (2)

Ngawaler kana panolakan MalaikatNa, lajeng Allah ngadawuh ku KalamNa,

...Innii A'lamu Maa Laa Ta'lamuuna.(al Baqarah: 30)

"...Satemenna Kami uninga kana saniskara nu teu dipikanyaho ku arandika."

Lajeng Allah marentah Jibril turun ka alam dunya. Titahna nyandak taneuh saperluna. Teu talangké Jibril nyirorot turun ka bumi ngemban titah Nu MahaKawasa. Orokaya bumi nolak ku pangunjukna, malar teu kacocéng najan sajeungkal komo sadeupa. Jibril mulang teunangan taya hasil paneja.


Lajeng Allah miwarang Malikat sanesna, sami sadaya teu hasil dina ngemban titahNa. Nya iwal Malaikat Izra'il nu hasil dina tugasna. Anjeunna nyandak taneuh nu tilu rupana. Beureum, bodas jeung hideung pulasna. Nu ieu hal jadi watek, sifat jeung rupa kajadian manusa dina kahirupanana.

Lajeng Allah nyandak taneuh ku KersaNa. Éta taneuh dibaseuhan diaduk nepi ka jadi jasad manusa. Nu harita acan mibanda asma ogé nyawa. Diantep nepi ka garing bari hideung rupana.

Rada lami Allah ngantep éta jasad manusa. Para malaikat taya nu wani ngadeukeutan komo rumpa-rampa. Ukur Iblis nu wani malah nepi ka nghaheureuykeunana. Nepi ka dina waktuna ditiupkeun nyawa, ngawujud hiji tangtungan manusa sampurna, nya Adam asma katelahna.

Diwanohkeun sagala rupa asma dina ngujina, nu awalna para malaikat ngahina, antukna nyucikeun Kaagungan Nu MahaKawasa. Adam mulya batan maranéhna.

Lajeng Allah maréntah pangeusi sawerga ku DawuhNa,

Wa Idz Qulnaa Lil Malaa'ikati Sjuduu Li 'Aadama ... (al Baqarah: 34)

"Jeung Nalika Kami nimbalan ka malaikat sakabéhna. Prak! Geura sujud ka Adam arandika..."

Lajeng sadaya Malaikat sujud tumut paréntahNa. Iwal hiji makhluk anu durjana, nu mibanda watek sombong adigung adiguna, nya Iblis nu katelahna. Nu bakal melak goda rencana jeung réka perdaya ka Adam katut turunana.

Adam renggenek di Sawerga bareng sareng Babu Hawa, nu dicipta tina tulang iga palih kiwa. Ngan hanjakal teu lana nganjrek disawergana, sabab kaburu ka goda ku Iblis nu diusir ti heula, ku sabab lampahna ngalawan titah Allah Ta'aalaa.

Wallohu A'lam bish Showaab
Hanca..

Post a Comment

0 Comments