Mula asal alam dunya, taya cai taya hawa, bumi jeung Wawacanlangit taya wujudna, taya bulan taya sang surya. Beurang tacan datang sumawon peutingna. Éstu alam dunya hiji rohangan kosong taya eusina.
Poék mongkléng alam dunya kaayanana. Angin nu munggaran dicipta, Cai nu kaduana. Lajeng cai disimpen diluhur angin ku KersaNa. Tina Luhur cai ngebul haseup ka jomantara, gajanggélék langit reka cipta MantenNa, bari dipisah nepi ka aya tujuh lapisna. Lajeng dicipta siang katut peutingna. Kitu katerangan nu pertéla.
Keur langit Allah Ngersakeun ku DawuhNa,
"Yeuh Surya! Medal anjeun jeung beurangna. Anjeun ogé bulan! Bijil anjeun jeung peutingna. Kitu deui anjeun béntang! Papaés ieu langit hasil cipta Kaula."
Sang surya tigin kana titah Gustina. Saban beurang datang gumebyar ku caangna. Kitu deui bulan marengan peuting kalayan satia. Ogé béntang satuhu mapaés jomantara.
Lajeng bumi ditata dicipta ku MantenNa. cur-cor walungan ku caina. Tutuwuhan jadi papaésna. Gunung-gunung dicipta jadi pakuna. Sasatoan diyuga tambih lengkep pangeusina. Sadaya dicipta ukur genep mangsa miturut carita.
Tutas Nyipta lajeng MantenNa istawa dina 'ArasyNa. Dilingkung ku para MalaikatNa, nu teu lirén tasbih katut tahmid salawasna. Lajeng Allah Mitutur ku DawuhNa,
Innii Jaa'ilun Fil Ardhi Khaliifah (Al Baqarah: 30)
"Satemenna Kami seja nyipta khalifah di ieu alam dunya..."
Malaikat nolak nganaha-naha sapadaharita, inggis siga saméméhna, MantenNa nyipta makhluk nu resep laku durjana. Resep ngocorkeun getih sasamana, kitu dina katerangan kalam Allah Nu Mulya.
Hanca..
Wallaahu A'lam bish Showaab
0 Comments