Ad Code

Responsive Advertisement

Ticker

6/recent/ticker-posts

TABARUKAN (NGALAP BAROKAH) Hanca Kaopat



Image result for cangkir Nabi di bosniaSapalihna riwayat aya deui nu ngajelaskeun nu sumberna ti Hajjaj bin Hassan anjeunna sasauran, "Yen basa kami aya dibumina Anas, anjeunna nyandak cangkir Rasulullah Shallallahu 'Alaihi Wa Sallam tina kantong hideung. Anjeunna miwarang sangkan cangkir dieusian cai, nya kami babarengan nginum tina eta cangkir, tuluy diusap-usapkeun kana beungeut kami bari maca shalawat ka Kanjeng Nabi Shallallahu 'Alaihi wa Sallam."  [Hadits riwayat Ahmad sareng Ibn Katsir].

Image result for mimbar rasulullah di masjid nabawiKitu deui riwayat ti ‘Asim anjeunna sasauran, "Kami ningali cangkir tilas ngaleueutna Kanjeng Nabi Shallallahu 'Alihi wa Sallam, tuluy kami nginum ku cangkir eta." [Hadits Riwayat Bukhari]

Sejen deui riwayat nyebatkeun yen Ibnu ‘Umar Radhiyallaahu 'Anhu sering nyepeng tempat calikna Rasulullah Shallallahu 'Alaihi wa Salam dina mimbar paragi Rasulullah Shallallahu 'Alaihi wa Sallam khutbah, kituna teh bari ngantelkeun rarayna kangge ngalap barokah [al-Mughni 3:559; al-Shifa' 2:54, Ibn Sa'd, Tabaqat 1:13; Mawsu'at Fiqh 'Abdullah ibn 'Umar halaman. 52]

Beda deui riwayat nyebatkeun, yen Shahabat Jabir ngajual ontana ka Rasulullah Shallallahu 'Alaihi wa Sallam, lajeng Rasulullah Shallallahu 'Alaihi wa Sallam miwarang Bilal pikeun nambahan Saqirat (1/12 dirham) tina harga nu geus jadi kasapukan. Ku hal eta Jabir sasauran, "Tambahan Artos pamaparin Kanjeng Nabi Shallallahu 'Alaihi wa Sallam, ku kami hamo digunakeun." Nya ku jabir eta artos disimpen. [Hadits riwayat Bukhari].

Sapalih deui riwayat ngeunaan Tabarukan, dicaroskeun yen nalika ‘Abdullah bin Anis mulang ti pangperangan, satutasna anjeunna mateni Khalid ibn Sufyan ibn Nabih, Rasulullah Shallallahu 'Alaihi Wa Sallam maparin hadiah ka anjeunna iteuk, lajeng Rasulullah Shallallahu 'Alaihi wa Sallam ngadawauh, " Ieu iteuk bakal jadi tanda diantara anjeun jeung Kami jaga di yaumil kiyamah." Maka ti harita ‘Abdullah ibn Anis teu pernah ngaleupaskeun eta iteuk tug dugi ka anjeunna pupus, ete iteuk dikubur bareng jeung anjeunna. [Hadits riwayat Ahmad 3:496, al-Waqidi 2:533].

.....Hanca

Post a Comment

0 Comments