Ad Code

Responsive Advertisement

Ticker

6/recent/ticker-posts

TABARUKAN (NGALAP BAROKAH) Hanca Kadua


Dina Tabarukan atawa ngalap barokah, lian ti kana tempat, aya oge ngalap barokah teh kana mangsa, kana waktu-waktu nu tangtu. Allah Ta'aalaa maparin kaistimewaan ku kaberokahan kana waktu-waktu nu ditangtukeun. Sakumaha Dawuhan Allah Ta'aalaa: 

إِنَّا أَنْزَلْنَاهُ فِي لَيْلَةٍ مُبَارَكَةٍ إِنَّا كُنَّا مُنْذِرين
Image result for botol wadah keringat rasulullah
Add caption
“Saestuna Kami nurunkeun (al-Qur’an)dina hiji peuting nu dibarokahan (peutingan lailatul qadr) oge saestuna Kami pisan nu mere pangwawadi.” (Q.S. ad-Dukhan:3)

Diriwayatkeun ku Imam Thabrani Rasuulullah Shallallaahu 'Alaihi wa Sallam ngadawuh:


« إن لربكم عز وجل في أيام دهركم نفحات ، فتعرضوا لها ، لعل أحدكم أن تصيبه منها نفحة لا يشقى بعدها أبدا » رواه الطبراني

“Satemenna Pangeran aranjeun dina sajeroning poe-poe aranjeun ngandung anugerah (barokah). Kukituna prak piluruh anugerah eta. Mun seug sakirana salah saurang diantara aranjeun tepung jeung poe eta (nu ngandung barokah), maka tanwande hamo bakal cilaka salawasna.” (H.R Thabrani)

Salian ti Tabarukan kana waktu-waktu nu tangtu, aya oge Tabarukan atawa ngalap barokah ku perkara-perkara atawa barang-barang. Sakumaha nu diriwayatkeun ku Imam Muslim, Imam Ahmad oge Imam Baihaqy nu kacutat dina Kitab Sunan Al Kubra, nu sumberna ti Shahabat Anas Radhiyallaahu 'Anhu anjeunna sasauran: 

عن أَنَسٍ قال لقد رأيت رَسُولَ اللَّهِ صلى الله عليه وسلم وَالْحَلَّاقُ يَحْلِقُهُ وَأَطَافَ بِهِ أَصْحَابُهُ فما يُرِيدُونَ أَنْ تَقَعَ شَعْرَةٌ إلا في يَدِ رَجُلٍ ، رواه مسلم وكذا رواه احمد والبيهقي في السنن الكبرى

“Kami ningali tukang cukur keur nyukur rambut Rasuulullah Shallallaahu 'Alaihi wa Sallam sedengkeun para shahabat ngagimbung teu jauh tidinya, taya nu dipiharep ku para shahabat, iwal teu aya salambar oge rambut Rasulullah Shallallahu 'Alaihi wa Sallam nu murag kana taneuh, kajaba geus ditadah ku panangan para Shahabat.” (H.R Muslim, Ahmad dan Baihaqi)

Aun bin Abi Juhaifah nyarioskeun nu sumberna ti Ramana ngeunaan para Shahabat Tabarukan atawa ngalap barokah ku cara nandean cai nu ngucur tina sesa-sea cai kangge wudhuna Rasulullah Shallallahu 'Alaihi wa Sallam. :

أَتَيْتُ النَّبِيَّ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَهُوَ فِي قُبَّةٍ حَمْرَاءَ مِنْ أَدَمٍ وَرَأَيْتُ بِلَالًا أَخَذَ وَضُوءَ النَّبِيِّ صَلَّى اللَّهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ وَالنَّاسُ يَبْتَدِرُونَ الْوَضُوءَ فَمَنْ أَصَابَ مِنْهُ شَيْئًا تَمَسَّحَ بِهِ وَمَنْ لَمْ يُصِبْ مِنْهُ شَيْئًا أَخَذَ مِنْ بَلَلِ يَدِ صَاحِبِهِ ، رواه البخاري ومسلم واحمد

“Kami ngadeuheus ka Rasulullah Shallallahu 'Alaihi wa Sallam, dina mangsa anjeunna nuju du kubah Hamra ti Adam, tuluy kami ningali Bilal mawa wadah nu eusina cai tilas wudhu Rasulullah Shallallahu 'Alaihi wa Sallam, para shahabat nu aya didinya parebut padahayang (kana eta cai tilas wudhu Rasulullah). Nu meunang eta cai diantara para Shahabat langsung ngusap-ngusapkeun kana raray sareng awakna, sedengkeun nu teu kabagean ngajewang panangan para shahabat nu meunang nu baseuh keneh ku eta cai, nu satuluyna sarua ngusap-ngusapkeun kana  raray sareng awakna." (H.R. Bukhari, Muslim dan Ahmad)

......Hanca.

Post a Comment

0 Comments