Syah Mohammad Gwath Syatari, nu pupus taun 1563. Nyarioskeun aya tilu urang Musafir nu sosobatan dina sajeroning lalampahan. Tiluanana suka bungah babarengan. Sagala nu karandapan disanghareupan babarengan.
Sanggeus ngayakeun lalampahan sababaraha poé, maranéhna karék sadar, bebekelan téh tinggal roti sapotong jeung cai ukur sakalieun nginum keur saurangeun.
Antukna maranéhna gétréng paséa parebut saha nu leuwih hak kana eta roti jeung cai.
Nu saurang ngusulkeun sangkan eta roti jeung cai dibagi tilu, angger baé teu sapuk.
Teu karasa waktu geus ngagayuh ka peuting. Pamustunganana tiluanana sapuk, yén sing saha nu ngimpina hadé bari ahéng dina ieu peuting, maka éta nu boga hak kana éta roti jeung cai.
Kocapkeun wayah isuk teu burung cunduk, sang surya medal nyaangan tanda datangna beurang.
Demi nu tiluan ting karuniang hudang.
“Waduh kuring ngimpi téh kacida éndahna sabab kuring ngarasakeun cicing di hiji patempatan nu kaéndahanana hamo bisa di caturkeun, pokona éndah kaliwat misti." Ceuk nu saurang ngamimitian muka obrolan ngeunaan impian tadi peuting. "Diparengkeun kuring tepung jeung hiji jalma nu Alim tur wijaksana, nyarita ka kuring, pokna téh, ‘Anjeun leuwih boga hak kana éta roti jeung cai, sabab kahirupan anjeun nu ka tukang jeung kahareup kacida hadéna, payus anjeun nyandang pangajén jeung pujian."
"Tah mun kuring mah ngimpi, kieu." Ceuk musafir kadua. Tuluy kadéngé deui nyarita, "Kuring ningali mangsa katukang, témbong sagalana, tuluy di tingalikeun kaayaan ka hareup nu bakal karandapan, éstu matak pikabungaheun, keur kitu diparengkeun kuring tepung jeung hiji jalma nu wacis, alim bari wijaksana éta jalma téh nyarita ka kuring, pokna téh, ‘Anjeun leuwih hak kana éta roti jeung cai batan batur anjeun nu duaan, sabab anjeun leuwih onjo batan nu séjén dina pangaweruh tur leuwih sabar. Anjeun kudu cukup dahar jeung nginum, sabab anjeun ditakdirkeun pikeun jadi jalma nu nungtun ka nu labuh, nyaangan ka nu poékkeun, méré nyaho ka nu bodo, méré paham ka nu awam. ”
Giliran musafir nu katilu nyarita, "Mun ngimpi kuring mah, kuring teu ningali nanaon, ukur ngarasakeun aya kakuatan nu kuat mawa diri kuring pikeun hudang, néang roti pikeun didahar jeung cai pikeun diinum, nya akhirna éta roti jeung cai téh diséépkeun ku kuring meni karasa nikmat pisan ngimpi téh."
Ngadenge kitu dua musafir ukur bisa ting raringeuh semu keuheul, bari ting laleos niinggalkeun.
Caaag.
0 Comments