Baheula, basa kuring masih sakola di tingkat MTs./SMP, nu janten guru sasauran kieu:
"Barudak..! mun maraneh hayang
jadi jalma beunghar tong jadi guru, tapi kudu jadi pengusaha atawa
sejenna, memang jadi guru oge bakal beunghar, kahiji beunghar ku harti,
kadua beunghar ku masalah.....aya oge beunghar ku hutang..."
Haritamah peun bae sakitu !,
sasauran nu janten guru teh teu dipikiran, ngan beh dieu-beh dieu jadi
kapikiran...bubuhan ceuk batur, kuring teh sok disebut guru, da aya nu
ngageroan ka kuring teh ku calukan: "kamana ru ?" ...jeung sajabana.
Enya memang kuring teh guru pakasabanmah, ngan karek 'jadi guru' acan
kaasup 'guru jadi', da 'guru jadi'mah nyaeta Guru nu dicokot tina
wancahan hiji tangtungan jalma nu kudu 'digugu' jeung 'ditiru' tegesna
kudu jadi tuladaneun, Guru teh mibanda tugas, nu kudu bisa
ngajeujeuhkeun, ngabina, ngatik oge ngadidik, ngarahkeun, oge ngajurung
laku jeung sajabana kana hal-hal nu sifatna positif tur ngarahkeun ka nu
jadi muridna sangkan cageur, bageur, oge pinter tur singer,tegesna
sangkan murid teh jadi calakan atawa (cerdas) keur nyiapkeun bekel
kahirupanana kaharepnakeun, luyu reujeung tujuan atikan nasional nu
kacutat dina UUD 1945. Tah lebah dieu pisan kuring asa acan asup teh,
asa acan ngeuna kana tujuan atikan nu sabenerna. sabab rumasa karek
aku-akuan wungkul jadi guru teh, ngan can bisa ngajadikeun diri pribadi
teh guru nu jadi. tegesna acan aya hasil tina usaha kuring dina ngatik
jeung ngadidik nu jadi murid.
Dina teori disebutkeun, yen
hakekat manusa teh makhluk nu bisa dididik oge bisa ngadidik, beh dieuna
ngadidik diri pribadi, atuh beh dituna ngadidik kulawarga oge balarea.
tegesna, yen manusa teh hakekatnamah guru. ku sabab kitu, maka guru teh
kaasup hiji potensi nu aya dina diri manusa, tur mun digarap maka kaasup
hiji pagawean nu mulya, sabab tugasna ngembangkeun oge ngamekarkeun
kaelmuan,jeung ngayakeun usaha pikeun ngayakeun hiji perobahan ka nu
dididikna kitu ceuk sabagian para ahli nyebutkeun.
Baheula, basa kuring keur jadi
murid keneh, ka guru teh asa ajrih najan ku dehemna wungkul, atawa ku
rentang-rentang katingali datang barudak kaasup kuring teh paburisat
ngarapihkeun maneh. malah mun di kelas, pami guru seja ngantunkeun
kelas, sok maparinan pesen: "Barudak sok diajar sing anteng heula ..tong
raribut komo kaluarmah..bapa aya perlu heula sakeudeung..." leos
anjeunna teh angkat, bari ukur ngantunkeun kopeah di luhureun meja, da
atuh asana teh najan wungkul kopeah ngajugrug tapi asa aya bae nu janten
guru teh ngawaskeun, jeung barudak kaasup kuring oge teu ingkah, nurut
bari ngalaksankeun naon nu ditugaskeun ku nu janten guru. rasa kasieun
teh nyampak, tegesna najan ku jugrugna kopeah wungkul oge, sima reujeung
wibawana teh karasa pisan.
Tapi, ayeuna nu karasa jeung nu
kaalaman ku kuring salaku guru, duka ketang ku guru-guru sejenmah,
barudak teh asa geus euweuh rasa hormat ka nu jadi guru teh, ajen inajen
ka nu jadi guru teh tos ngarangrangan, contona bae mun seug tepung di
jalan, lain kadua uluk salam...eh kalah ka ngabalieurkeun beungeut.
Terus deuih lamun di kelas, geus cape nyarek, ribut tea, ngobrol tea
jeung sajabana. Tegesna, asana wibawa guru teh tos ilang, tapi didieu
kuring teu nyalahkeun nu jadi murid, da ningali kana konteks
psikologimah umuran maranehna teh keur aya dina mangsa panca roba,
jiwa-jiwana gampang kapangaruhan, loba nangtangna batan
nurutna..komo-komo ka nu jadi guru dalah ka kolotna oge pasti sarua.
Lebah dieu kuring jadi ngimpleng, geuningan teu gampang jadi guru 'nu
jadi' teh, boa-boa ku teu nurutna murid teh, wawales ka diri, sabab mun
nyoreang lampah ka tukang, baheula keur kuring jadi murid, kuring sok
pirajeuneun wangkelang ka nu jadi guru teh. loba ngareumpak aturan
sakola jeung sajabana, tah ayeuna diwales ku murid kuring.
Balik deui kana sasauran nu
janten guru, "...yen memang jadi guru oge beunghar, jaba beunghar ku
harti teh (da tungtutan gawe), beunghar oge ku masalah tur kadangkala
beunghar ku hutang...". ieu oge jadi bahan implengeun kuring, leres oge
eta sasauran teh, sabab dina kanyataanana khususna di nagri urang
Indonesia, nasib guru teh kacida balangsakna, da geuningan loba keneh
guru nu ninggalkeun kawajiban nagajar alatan ngudag setoran, muru
pakasaban sampingan nu ngahasilkeun pikeun nutupan kakurangan, ceuk
wartamah nepi ka aya nu ngojeg, aya nu dagang, jeung sajabana. didieu
kuring nitenan, apan cenah ayeuna pamarentah kacida merhatikeunana kana
nasib kahirupan guru, da dikumaha-kumaha oge guru teh minangka 'aset
bangsa' nu hamo ilang fungsina ku robahna zaman, sabab ti zaman ka zaman
gurumah pasti diperlukeunana. warta nyarita yen pamarentah geus
ngagulirkeun mangpirang-pirang program nu aya patula-patalina reujeung
nasib kahirupan guru. kayaning sertifikasi, infassing jeung sajabana oge
ngayakeun tunjangan-tunjangan sejenna nu tujuanana pikeun ningkatkeun
taraf kahirupan guru. Tapi kanyataan nu lumangsung bet
katingalina...geuningan guru dina kahirupanana siga nu tetep loba
kakurangan khususna dina masalah nutupan pangabutuh kahirupanana. tah
ieu teh, naha kapangaruhan ku sifat reujeung watek manusa nu memang
'kurang bae teu aya waregna' naha memang kurang keneh diperhatikeun ku
pamarentah...tah ieu nu nepi ka ayeuna masih jadi implengan teh.
Sabab mun seug urang ngayakeun
perbandingan, ceuk beja ieumah, yen di nagri baturmah guru teh kacida
diutamakeunana ku pamarentah teh dina masalah nasib kahirupanana.
samodel di nagara tatangga, Malaysia baheula cenah maranehna ngangkir ka
nagri urang supaya dikirim guru pikeun ngatik ngadidik rahayatna, tapi
ayeuna ceuk beja deui..maranehna nawaran ka urang ..Indonesia butuh
sabaraha guru ? didieu oge mun seug ieu beja bener teh...aya kacindekkan
yen majuna urang malaysia teh aya campuran jasa urang Indonesia. ngan
ku naon bet majuna leuwih nerekel batan Indonesia.
Caag sakitu heula ..sun !
0 Comments