Kacutat dina kitab Tanbihul Ghaafiliin, diriwayatkeun yen dina hiji mangsa Kanjeng Nabi Musa A.S. nuju munajat ka Gusti Alloh:
"Ya Allah ! Naha Anjeun
Gusti parantos ngamulyakeun salah saurang jalma, sakumaha Anjeun Gusti
tos ngamulyakeun jisim abdi, saupamina Anjeun Gusti memang parantos,
manawi jisim abdi tiasa uninga ku Dawuhan Anjeun Gusti ?"
Lajeng Allah ngadawuh:
"Yeuh Musa ! estu Kami boga
hamba nu bakal datang di akhir zaman, Kami ngamulyakeun maranehna ku
bulan Romadhon, jeung Kami leuwih deukeut ka maranehna leuwih-leuwih
batan ka anjeun. Ayeuna Kami ngobrol reujeung Anjeun masih kahalang ku
tujuh puluh rebu hijab (hahalang). Maka nalika umat Muhammad puasa (di
bulan Romadhon), nepi ka nyacas bodas biwir-biwir maranehna, nepi ka
karonengna kulit awak-awak maranehna, ku hal ieu pisan, maka eta hijab
(hahalang) teh bakal disingkahkeun ku Kami nalika maranehna baruka
puasa, nepi ka teu aya jarak deui antara Kami jeung Manehna saking
deukeut-deukeutna".
"Yeuh Musa ! kacida
untungna pikeun sing saha bae nu ngarasa hanaang tikorona jeung laparna
beuteung dina bulan Romadhon, maka teu aya deui ganjaran nu
pangistimewa-istimewana batan patepung lawung paamprok jonghok jeung
Kami ""
"Ku kituna geus sawadina,
pikeun jalma-jalma nu mibanda Akal, bari apal kana sakuduna ngahormat
bulan Romadhon, jeung ngajaga hate maranehna dina sajeroning bulan
Romadhon tina sifat dengki jeung mumusuhan ka sasama umat Islam. kajaba
ti eta maranehna salawasna kaancikan rasa hariwang jeung sieun ka
Kami naha ditarima atawa henteu puasa maranehna teh ?"
Allah ngadawuh:
Innallooha Yataqobbalulloohu Minal Muttaqiin
"Saestuna Alloh narima (sagala amal) ti jalma-jalma nu taqwa"
Jalma-jalma nu paruasa dina
Bulan Romadhon nalika kaluar tina kubur jaga di Yaumil Ba'ats (Poean
nalika dihudangkeun sakabeh manusa ti mimiti umatna Kanjeng Nabi Adam
A.S. nepi ka umatna Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W.). maranehna bakal
nyampakkan puasana teh ku bentuk disogrogkeunana hiji meja nu pinuh ku
mangrupa-rupa kadaharan jeung hadiah-hadiah, tuluy ditawarkeun ka
maranehna:
"Prak dahar ku aranjeun,
sabab aranjeun geus ngarasakeun lapar dina mangsa sawareh manusa
sareubeuh, jeung prak inum ieu inum-inuman, lantaran anjeun geus
ngarasakeun hanaang dina mangsa sawareh manusa muaskeun dirina ku
cai-cai inuman. Jeung prak aranjeun reureuh"
Ku ayana parentah kitu, maka
maranehna (nyaeta jalma-jalma nu paruasa di bulan Romadhon) dalahar
dina mangsa sawareh manusa keur nyanghareupan Mahkamah Allah pikeun
balitungan tina sagala amal laku lampahna nalika keur hirup di alam
dunya.
Wallohu Wa Rosuuluhu A'lam
Subang, 04082011
0 Comments