Imam Al-Ishfahani geus ngariwayatkeun dina kitab At-Targhib, ti Sayyidina ‘Ali Karomalloohu Wajhah anjeunna nyarios:
Nalika
datang peuting kahiji dina bulan Romadhon, Rosululloh S.A.W. ngadeg
lajeng ngucapkeun Tahmid, muji syukur ka Alloh, teras ngadawuh:
Yeuh Manusa ! Alloh geus
ngaraksa aranjeun ti Jin jeung setan musuh aranjeun sakabeh, turta
Alloh geus ngajangjian ka aranjeun sakabeh yen bakal diijabahna
do’a-do’a aranjeun, sakumaha dawuhana-Na:
Masing inget ! Alloh geus
marentahkeun ka tujuh malaikat pikeun ngurus setan-setan nu sok
ngagoda manusa, maranehna hamo bisa leupas tina panalikung eta tujuh
malaikat nepi ka rengsena bulan Romadhon.
Oge masing inget ! yen
lawang-lawang panto langit muka ti mimiti peuting kahiji bulan Romadhon
tug nepi ka peutingan akhir dina bulan Romadhon.
Ku kituna, prak ngado’a aranjeun kabeh, sabab Alloh bakal ngaijabah saban-saban do’a”.
Wallohu Wa Rosuuluhu A’lam Bish-Showaab.
Subang, 03082011
0 Comments